Hehehe*Kang Asep mah aya-aya wae*nya pami keukeuh wae mah tiasa Sukelir. Ciganamah leres asal muasal kelir teh tina color*Da, pami ditengetan mah seueur kecap-kecap Sunda nu diserot (serap?) ti basa Inggris/Walanda utaminamah ti sepuh kapungkur sok dikirata, dikira-kira tapi nyata. Emut ka pun Aki (punten, abdi sok ngadongeng wae jaman kapungkur da kumaha deui, seuseueurna dongeng ngeunaan kaSundaan nu kaalaman ku abdi ayana jaman kapungkur...) pami nuju pere sakola sok naros kieu,"Nyi, atuh teu sakola keur pakanci (maksadna vacancy=libur)?" ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/03/07 08:37AM >>> Eta numutkeun JK. Upami numutkeun juru bicara orang Walanda, henteu terang tah namina, tapi anu pasti sanes sodara Iza, jigana kelir mah aslina tina basa Walanda atanapi basa Ingris. Color dina basa Inggris disorakeunnana kaler caket pisan kana sora kelir. Jalaran kitu, wajar upami talaga warna henteu keresaeun digentos janten talaga kelir. Oge guru ngaos pribados waktos alit dipaparin jenengan Suwarna sanes Sukelir. Heu heu heu. Leres kitu? Pun Asep

