Alumni STPDN/IPDN nu tos daramel jadi pajabat teu acan kakuping aya nu jadi preman di institusi pamarentah. Panyiksaan salila di kuliahan sigana teu dibabawa kana pagawean nu ayeuna dilakonan. Nya mun aya nu kasangkut korupsi mah lain ti lulusan STPDN/IPDN wungkul, lulusan perguruan tinggi lain oge sami we seueur nu jadi beurit.
Nupuguh mah nu salah, kudu ditewak. Sistem nu salah kudu dibenerkeun. Abdi satuju ka komentar Kang Beben, kacuali usulan/komentar ka-dua jeung ka-opat he he. Peace ah..... Salam, DD --- In [email protected], beben bunyamin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari ceuk sim kuring mah kieu (hapunten ngiring ...komen. > 1. IPDN teu kudu dibubarkeun, basis pendidikanna bae nu dirubah tong make gaya militer. > 2. Jang ningkatkeuin kadisiplinan siswa cukup diayakeun semacam Kewiraan/Wamil waktu asup mimiti bae di rinif dam kawas politeknik baheula. > 3. Kadar kaimanan siswa kudu leuwih ditingkatkeun, sing leuwih disadarkeun yen ngarogahala anak batur teh teu saluyu jeung Ajaran agama > 4. Ieu nu penting, usulkeun ka Pamarentah pikeun nyien jalan tol ka Sumedang supaya teu macet jeung Jang Aldo bisa lancar lamun rek Ngalongok mitoha..... > > > ----- Original Message ---- > From: Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> > To: aldo desatura <[EMAIL PROTECTED]> > Sent: Thursday, April 5, 2007 9:28:05 AM > Subject: [Urang Sunda] #1 Petisi keur Bubarkan sajah IPDN teh > > IPDN dengan sukses menewaskan kembali prajanya. > > Mun ceuk uing mah alusna IPDN teh dibubarkeun wae kusabab.: > > kahiji : Nyiptakeun preman dina institusi pemerintah > > kadua : Ngabeakeun Budget Nagara > > katilu : Balik Deui Ka Jaman Kolonialisasi atawa Orba, Kusabab Pasti Masuk > Kadinya teh ngaleuwihan Sakolah Militer Digebog na teu nembongkeun Identitas > Timur, maranehanana siga Bangsa Barbar > > kaopat : Nyieun Macet di Jatinangor Sumedang tah iyeu nu paling penting > mah... Akses uing jadi rada lila mun ka mitoha teh heuheuhe lain kitu kang > Kumi...???? > > tah kitu kang Yuliadi >

