Sampurasun...palawargi...

Haputen anu kasuhun wireh simkuring lami teu ngiring ulubiung wawanohan dina 
ieu milist.

Simkuring neda dorong du'a tipalawargi sadaya kanggo pun Bapa anu parantos 
ngantunkeun ieu Alam Dunya (salin Alam) dina dinten Rebo ping 4 April 2007 dina 
yuswa 62 Tahun.

Alhamdulillah, upami ningal tina sareat pun bapa teh Pupus bari calik+teu 
kantos koma, estuning emut teras dugi ka les na, katambih paroman pun Bapa imut 
ngagelenyu tetep teu robih dugi ka di kulemkeun dina liang lahat. Mudah-mudahan 
kuningal eta tawis, pun bapa Salamet di Akheratna, Mulih Kajatina. Amiin.

hatur nuhun sateuacanna
baktos
Agus Wirabudiman

Kirim email ke