Kang Ndoell,
juragan onderdil naon?
posisi dimana?
gaduh karburator bemo?

-----Original Message-----
From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, April 16, 2007 4:08 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaa : Laporan [EMAIL PROTECTED]



lain nganjuk deui..
duitna nu aya rek digolangkeun heula keur meuli onderdil..
sugan we anakan..
heu heu...

Kang Tantan de nyumbang ? nya pasti atuh nya...
ke ku abdi dikintun nomer rekeningna nya..
okeh ?

-dul-

--- In [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com, "tantan 
hermansah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Naha jugaran onderdil dianjuk?
> 
> hehe
> tantan
> 
> On 4/16/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
> >
> > Baraya Kusnet sadaya,
> > Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten Saptu, ping 14 April 2006 
di
> > bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah
> > parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.
> >
> > Anu sumping dina ieu acara diantawisna : ------------------------
----
> > - Kang Maman Gantra
> > - Kang Hendri Epson
> > - Kang Toni Sofyan
> > - Kang Badrudin
> > - Kang Syam "Keom" Ridwan
> > - Kang Surya
> > - Kang Iim
> > - Kang Kamal Idris
> > - Kang Irpan
> > - Kang Eddy
> > - Kang Hasbi
> > - Kang Ethome
> > - Kang Rifky
> > - Kang Ikmal
> > - Kang dikdik
> > - Kang Nanang
> > - Teh Gia Mattel
> > - Teh Eeya Indri
> > - Teh Silvie
> > - Teh Yani
> > - Teh Sari
> > - Teh Lidya
> > - Teh Indri
> > - Teh Elis
> >
> > Kagiatan / Acara : ----------------------------------------------
---
> >
> > Silaturahmi, silih ngawanohkeun sareng sosonoan;
> >
> > Ngobrolkeun ngeunaan Halal Bihalal taun 2007, diantawisna :
> >
> > *PANATA CALAGRA HBH 2007*
> > Panata Calagra parantos ditangtoskeun, samentawis :
> > - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja van Seoul
> > - Penasehat : Kang Nanang & para sesepuh Kusnet
> > - Pupuhu : Kang Iim
> > - Wakil Pupuhu : Kang Toni Sofyan
> > - bendahara : Teh Imas Mustakim
> >
> > seksi-seksi sanesna, bakal ditangtoskeun deui.
> >
> > Ka baraya disuhunkeun rido galihna, bilih ditunjuk tarang
> > tanapi ditunjuk tonggong, mugia kersa. Etang-etang ibadah,
> > nyumbang tanaga, keur sunda sareng kasundaan...
> >
> > *PATEMPATAN HBH 2007*
> > Aya tilu pilihan anu baris dipertimbangkeun :
> > 1. Dago Resort
> > 2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
> > 3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor
> >
> > ayana usulan sareng tawisan ngayakeun HBH Kusnet di Unpad, manawi
> > kedah dipertimbangkeun heula efekna kanggo Kang Ganjar nyalira.
> > (punten, ieu mah ceuk Kang Nanang)
> >
> > *W A R A G A D*
> > Waragad keur HBH teh kacida ageungna. Rereongan yu ?
> > kitu ideuna nu mucunghul basa Kopdar kamari teh.
> > Kukituna, nu haladir dina acara Kopdar kamari parantos sapuk
> > baris nyumbang kanggo kagiatan ieu.
> >
> > Anu parantos sayogi bade nyumbang teh diantawisna :
> > - Kang Maman Gantra : Rp. 250.000
> > - Kang Hendri Epson : Rp. 200.000
> > - Kang Toni Sofyan : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Badrudin : Rp. 100.000
> > - Kang Syam Ridwan : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Surya : Rp. 200.000
> > - Kang Iim : Rp. 100.000
> > - Kang Kamal Idris : Rp. 200.000
> > - Kang Eddy : Rp. 100.000
> > - Kang Hasbi : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Ikmal : Rp. 200.000
> > - Kang Dikdik : Rp. 100.000
> > - Kang Nanang : Rp. 100.000
> > - Teh Gia Mattel : Rp. 200.000
> > - Teh Eeya : Rp. 100.000
> > - Teh Silvie : Rp. 100.000
> > - Teh Indri + Elis : Rp. 100.000
> >
> > Alhamdulillah dina catetan, dina riungan Kopdar kamari parantos 
aya
> > Rp. 2.350.000 (Dua yuta tilu ratus rebu lima puluh rebu rupia).
> >
> > punten, ieu mah sanes maksa, tapi estu ku kasadaran yen HBH teh
> > memang gaduhna urang-urang keneh. Ti urang, ku urang, oge keur
> > urang. Urang kedah ti ayeuna ngabiasakeun rereongan, meh teu 
karaos
> > beurat. Samampuna, satiasana. sa-ihlas sareng sa rido-na.
> >
> > Baraya nu sanes, ku sim kuring barade di japri, bilih aya nu 
barade
> > nyumbang. Tapi pami moal nyumbang oge henteu sawios-wios.
> >
> > PANGEUSI ACARA HBH
> > Bilih baraya Kusnet aya usul, boh acara bakti sosial, kasenian 
tanapi
> > naon wae, mangga...
> >
> > -------------- ...........
> >
> > Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas sakulawargi anu 
sakitu
> > direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng
> > katuangan sakitu raosna. Mugia sagala kasaeanana dijantenkeun 
amal
> > soleh.
> >
> > Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh
> > dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta, ti Tangerang, 
ti
> > Bekasi, ti Bogor. Sim kuring, atas nami Sohibul bait Nuhunkeun
> > dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi
> > sadayana tiasa ngama'lum.
> >
> > Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng ngintun 
SMS,
> > merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping.
> >
> > Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar
> > anu bade dongkap tiasa
> >
> > Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kirang langkungna
> > nuhunkeun dihapunten.
> >
> > Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh
> >
> > -Ndoell-
> > tukangwawar
> >
> > 
> >
> 
> 
> 
> -- 
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
> 
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>



 

Kirim email ke