Wilujeng ka panata calagara, mudah2an sukses acara HBH.

Kumargi dina laporan aya seratan bilih bade usul kagiatan, simkuring ngiring
usul ah.
Kumaha pami aya kagiatan samodel seminar / diskusi panel atanapi naon lah
ttg kasundaan?
Topikna mah naon we...ieu pan tiasa panginten kerjasama antawis Fakultas
Sastra - Sunda UNPAD, UPI, dll.

Baktos,
Runa - Bogor

On 4/16/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten Saptu, ping 14 April 2006 di
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara diantawisna : ----------------------------
- Kang Maman Gantra
- Kang Hendri Epson
- Kang Toni Sofyan
- Kang Badrudin
- Kang Syam "Keom" Ridwan
- Kang Surya
- Kang Iim
- Kang Kamal Idris
- Kang Irpan
- Kang Eddy
- Kang Hasbi
- Kang Ethome
- Kang Rifky
- Kang Ikmal
- Kang dikdik
- Kang Nanang
- Teh Gia Mattel
- Teh Eeya Indri
- Teh Silvie
- Teh Yani
- Teh Sari
- Teh Lidya
- Teh Indri
- Teh Elis

Kagiatan / Acara : -------------------------------------------------

Silaturahmi, silih ngawanohkeun sareng sosonoan;

Ngobrolkeun ngeunaan Halal Bihalal taun 2007, diantawisna :

*PANATA CALAGRA HBH 2007*
Panata Calagra parantos ditangtoskeun, samentawis :
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja van Seoul
- Penasehat : Kang Nanang & para sesepuh Kusnet
- Pupuhu : Kang Iim
- Wakil Pupuhu : Kang Toni Sofyan
- bendahara : Teh Imas Mustakim

seksi-seksi sanesna, bakal ditangtoskeun deui.

Ka baraya disuhunkeun rido galihna, bilih ditunjuk tarang
tanapi ditunjuk tonggong, mugia kersa. Etang-etang ibadah,
nyumbang tanaga, keur sunda sareng kasundaan...

*PATEMPATAN HBH 2007*
Aya tilu pilihan anu baris dipertimbangkeun :
1. Dago Resort
2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor

ayana usulan sareng tawisan ngayakeun HBH Kusnet di Unpad, manawi
kedah dipertimbangkeun heula efekna kanggo Kang Ganjar nyalira.
(punten, ieu mah ceuk Kang Nanang)

*W A R A G A D*
Waragad keur HBH teh kacida ageungna. Rereongan yu ?
kitu ideuna nu mucunghul basa Kopdar kamari teh.
Kukituna, nu haladir dina acara Kopdar kamari parantos sapuk
baris nyumbang kanggo kagiatan ieu.

Anu parantos sayogi bade nyumbang teh diantawisna :
- Kang Maman Gantra : Rp. 250.000
- Kang Hendri Epson : Rp. 200.000
- Kang Toni Sofyan : Rp. 100.000 (Lunas)
- Kang Badrudin : Rp. 100.000
- Kang Syam Ridwan : Rp. 100.000 (Lunas)
- Kang Surya : Rp. 200.000
- Kang Iim : Rp. 100.000
- Kang Kamal Idris : Rp. 200.000
- Kang Eddy : Rp. 100.000
- Kang Hasbi : Rp. 100.000 (Lunas)
- Kang Ikmal : Rp. 200.000
- Kang Dikdik : Rp. 100.000
- Kang Nanang : Rp. 100.000
- Teh Gia Mattel : Rp. 200.000
- Teh Eeya : Rp. 100.000
- Teh Silvie : Rp. 100.000
- Teh Indri + Elis : Rp. 100.000

Alhamdulillah dina catetan, dina riungan Kopdar kamari parantos aya
Rp. 2.350.000 (Dua yuta tilu ratus rebu lima puluh rebu rupia).

punten, ieu mah sanes maksa, tapi estu ku kasadaran yen HBH teh
memang gaduhna urang-urang keneh. Ti urang, ku urang, oge keur
urang. Urang kedah ti ayeuna ngabiasakeun rereongan, meh teu karaos
beurat. Samampuna, satiasana. sa-ihlas sareng sa rido-na.

Baraya nu sanes, ku sim kuring barade di japri, bilih aya nu barade
nyumbang. Tapi pami moal nyumbang oge henteu sawios-wios.

PANGEUSI ACARA HBH
Bilih baraya Kusnet aya usul, boh acara bakti sosial, kasenian tanapi
naon wae, mangga...

-------------- ...........

Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas sakulawargi anu sakitu
direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng
katuangan sakitu raosna. Mugia sagala kasaeanana dijantenkeun amal
soleh.

Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh
dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti
Bekasi, ti Bogor. Sim kuring, atas nami Sohibul bait Nuhunkeun
dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi
sadayana tiasa ngama'lum.

Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng ngintun SMS,
merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping.

Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar
anu bade dongkap tiasa

Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kirang langkungna
nuhunkeun dihapunten.

Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh

-Ndoell-
tukangwawar






--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke