Kang Ndoell 
Kumaha khabarna damang,
Alhamdulillah upami atos rengse eta KOPDAR teh.
mung hanyakal abdi teu tiasa dongkap margi dinteun
saptu mah lebet damel.
hapunteun ka sadaya wargi KUSNET diwanci iyeu nembean
deui ngariung dina KUSNET.
margi nya nyuhunkeun dimaklum we da abdi mah
kakapengan teu sibukna.

kumaha atuh ka sadayana wargi KUSNET anu aya di Kaler,
Kidul, Kulon sareng Wetan na daramang .....?

sakitu wae heula

Baktos,
Endang





--- K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng ka panata calagara, mudah2an sukses acara
> HBH.
> 
> Kumargi dina laporan aya seratan bilih bade usul
> kagiatan, simkuring ngiring
> usul ah.
> Kumaha pami aya kagiatan samodel seminar / diskusi
> panel atanapi naon lah
> ttg kasundaan?
> Topikna mah naon we...ieu pan tiasa panginten
> kerjasama antawis Fakultas
> Sastra - Sunda UNPAD, UPI, dll.
> 
> Baktos,
> Runa - Bogor
> 
> On 4/16/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
> >
> > Baraya Kusnet sadaya,
> > Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten Saptu, ping
> 14 April 2006 di
> > bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran,
> alhamdulillah
> > parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan
> naon-naon.
> >
> > Anu sumping dina ieu acara diantawisna :
> ----------------------------
> > - Kang Maman Gantra
> > - Kang Hendri Epson
> > - Kang Toni Sofyan
> > - Kang Badrudin
> > - Kang Syam "Keom" Ridwan
> > - Kang Surya
> > - Kang Iim
> > - Kang Kamal Idris
> > - Kang Irpan
> > - Kang Eddy
> > - Kang Hasbi
> > - Kang Ethome
> > - Kang Rifky
> > - Kang Ikmal
> > - Kang dikdik
> > - Kang Nanang
> > - Teh Gia Mattel
> > - Teh Eeya Indri
> > - Teh Silvie
> > - Teh Yani
> > - Teh Sari
> > - Teh Lidya
> > - Teh Indri
> > - Teh Elis
> >
> > Kagiatan / Acara :
> -------------------------------------------------
> >
> > Silaturahmi, silih ngawanohkeun sareng sosonoan;
> >
> > Ngobrolkeun ngeunaan Halal Bihalal taun 2007,
> diantawisna :
> >
> > *PANATA CALAGRA HBH 2007*
> > Panata Calagra parantos ditangtoskeun, samentawis
> :
> > - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja van
> Seoul
> > - Penasehat : Kang Nanang & para sesepuh Kusnet
> > - Pupuhu : Kang Iim
> > - Wakil Pupuhu : Kang Toni Sofyan
> > - bendahara : Teh Imas Mustakim
> >
> > seksi-seksi sanesna, bakal ditangtoskeun deui.
> >
> > Ka baraya disuhunkeun rido galihna, bilih ditunjuk
> tarang
> > tanapi ditunjuk tonggong, mugia kersa. Etang-etang
> ibadah,
> > nyumbang tanaga, keur sunda sareng kasundaan...
> >
> > *PATEMPATAN HBH 2007*
> > Aya tilu pilihan anu baris dipertimbangkeun :
> > 1. Dago Resort
> > 2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
> > 3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung
> Jatinangor
> >
> > ayana usulan sareng tawisan ngayakeun HBH Kusnet
> di Unpad, manawi
> > kedah dipertimbangkeun heula efekna kanggo Kang
> Ganjar nyalira.
> > (punten, ieu mah ceuk Kang Nanang)
> >
> > *W A R A G A D*
> > Waragad keur HBH teh kacida ageungna. Rereongan yu
> ?
> > kitu ideuna nu mucunghul basa Kopdar kamari teh.
> > Kukituna, nu haladir dina acara Kopdar kamari
> parantos sapuk
> > baris nyumbang kanggo kagiatan ieu.
> >
> > Anu parantos sayogi bade nyumbang teh diantawisna
> :
> > - Kang Maman Gantra : Rp. 250.000
> > - Kang Hendri Epson : Rp. 200.000
> > - Kang Toni Sofyan : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Badrudin : Rp. 100.000
> > - Kang Syam Ridwan : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Surya : Rp. 200.000
> > - Kang Iim : Rp. 100.000
> > - Kang Kamal Idris : Rp. 200.000
> > - Kang Eddy : Rp. 100.000
> > - Kang Hasbi : Rp. 100.000 (Lunas)
> > - Kang Ikmal : Rp. 200.000
> > - Kang Dikdik : Rp. 100.000
> > - Kang Nanang : Rp. 100.000
> > - Teh Gia Mattel : Rp. 200.000
> > - Teh Eeya : Rp. 100.000
> > - Teh Silvie : Rp. 100.000
> > - Teh Indri + Elis : Rp. 100.000
> >
> > Alhamdulillah dina catetan, dina riungan Kopdar
> kamari parantos aya
> > Rp. 2.350.000 (Dua yuta tilu ratus rebu lima puluh
> rebu rupia).
> >
> > punten, ieu mah sanes maksa, tapi estu ku
> kasadaran yen HBH teh
> > memang gaduhna urang-urang keneh. Ti urang, ku
> urang, oge keur
> > urang. Urang kedah ti ayeuna ngabiasakeun
> rereongan, meh teu karaos
> > beurat. Samampuna, satiasana. sa-ihlas sareng sa
> rido-na.
> >
> > Baraya nu sanes, ku sim kuring barade di japri,
> bilih aya nu barade
> > nyumbang. Tapi pami moal nyumbang oge henteu
> sawios-wios.
> >
> > PANGEUSI ACARA HBH
> > Bilih baraya Kusnet aya usul, boh acara bakti
> sosial, kasenian tanapi
> > naon wae, mangga...
> >
> > -------------- ...........
> >
> > Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas
> sakulawargi anu sakitu
> > direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu
> merenahna sareng
> > katuangan sakitu raosna. Mugia sagala kasaeanana
> dijantenkeun amal
> > soleh.
> >
> > Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun
> sumping, jauh-jauh
> > dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta,
> ti Tangerang, ti
> > Bekasi, ti Bogor. Sim kuring, atas nami Sohibul
> bait Nuhunkeun
> > dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala
> panampina, pamugi
> > sadayana tiasa ngama'lum.
> >
> > Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon
> sareng ngintun SMS,
> > merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu
> tiasa sumping.
> >
> > Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara
> sarupaning Kopdar
> > anu bade dongkap tiasa
> >
> > Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kirang
> langkungna
> > nuhunkeun dihapunten.
> >
> > Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh
> >
> > -Ndoell-
> > tukangwawar
> >
> > 
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ::ri_1::
> Hompage : http://inawan.blogspot.com
>                  http://inawan.blogs.friendster.com
> Mobile     : +62-818-109410
> www.urang-sunda.or.id.
> su.wikipedia.org
> [email protected]
> [EMAIL PROTECTED]
> urangtasik.multiply.com
> inawan.multiply.com
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke