> "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > komo paris london new york mah geus ti beh ditu mula. atawa rek > make jurus batur bisa, urang mah teu kudu. hihi. malah batur mah > nyieun heula kareta di jero taneuh memeh aya monorail, da > teknologina pandeuri kapanggihna.
Sanes teu kudu, ngan umpama ningali kaayaan ayeuna, rarasaan teh masih "beurat" MJ. Jalan di jero taneuh merlukeun pamaliharaan anu leuwih tinimbang jalan di beungeut taneuh atawa jalan layang. Salian ti miceun/ nyedot cai nu pasti rembes wae, oge di torowongan kudu dipasangan blower (kipas angin) supaya aya sirkulasi hawa di jero torowongan. Jadi perlu enerji gede, da peralatan ieu saendeng-endeng kudu jalan, teu bisa eureun. Lamun eureun bisa bahaya, torowongan bisa kabanjiran atawa hawa di torowongan pinuh ku CO/ CO2 nu sarua we jeung muput jelema dina liang. Perlu kadisplinan keur ngajalankeun sistim ieu, padahal pan di urang mah umumna jalma-jalma kurang disiplin jeung boga mental vandalismeu, teu kaop ningali barang milik umum...kabita terus dipaling. Jadi nu perlu heula ayeuna, ceuk kuring mah, kumaha carana supaya urang Indonesia boga kalakuan siga rakyat2 di nagara-nagara nu boga kareta api di jero taneuh? Baktos, WALUYA

