Kacindekan nu nepi ka nyebutkeun urang Sunda asalna ti Palaung mah abot
teuing, kecuali mun eces natrat tapak lacakna. Mun nilik tina basana, paling
oge bisa disimpulkeun yen eta dua basa teh duduluran atawa sakaruhun.

Panalungtikan ngeunaan asal-usul hiji bangsa (atawa asal-usul manusa) tos
rada lami ditalungtik migunakeun tehnik molekuler, nyaeta ku jalan nempo
runtuyan DNA-na. Materi genetik manusa anu ilahar dianggo kanggo ieu
panalungtikan nyaeta kromosom Y jeung DNA mitokondria (mtDNA). Runtuyan DNA
anu aya dina kromosom Y teh diturunkeun sapanjang garis bapa (ti aki nurun
ka bapa, ti bapa ka budak lalaki, terus ka incuna nu lalaki, terus ka
turunanana anu lalaki deui, jst), sedengkeun mtDNA diturunkeun sapanjang
garis indung (ti indung ka anak2na, ti anakna nu awewe ka incu2na, ti
incu2na nu awewe ka turunanana anu salajengna). Tina kromosom Y, urang bisa
nyusud kumaha leorna lalaki (sabab umumna mah mobilitas manusa teh
ditangtukeun ku lalaki). Sedengkeun tina noong mtDNA, urang bisa ningali ka
mana palidna awewe (sabab umumna mah mobilitas awewe mah kumaha lalakina).
Hasilna?

Tamba lieur, mangga cobi buka http://en.wikipedia.org/wiki/Race ti
Wikipedia. Di dinya aya gambaran & tumbu ka pedaran2 sanesna ngeunaan hal nu
patali...

On 4/19/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kumaha tah lamun di balik, urang Palaung asalna ti Sunda? Teuing atuh.

Lamun ditilik dina fisik mah siga jauh pisan antara urang Palaung jeung
urang Sunda teh. Nangkod dina email ieu aya dua foto urang Palaung.

Salian ti ngagunakeun etimologi, jeung elmu basa lianna, naha nya can aya
studi anu ngagunakeun metoda DNA dina nalungtik asal muasa sahiji bangsa?

Kirim email ke