trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Atuh ari kitu masalahna mah lain UN na nu kudu dileungitkeun, tapi 
> sistem-na nu kudu dibenerkeun. Jalankeun hukum. Pengawas mungkin 
> teu salah da dititah ku atasan, kepala sekolah oge jigana mah 
> henteu. Kira kira mah Kepala dinas kaluhur............meureueueun. 
> Punten ah....

Upami kanggo standarisasi sakola mah, memang leres UN teh peryogi. 
Ngan masalahna UN ayeuna jadi faktor penentu kanggo lulus henteuna 
murid. Peran Guru nu taunan ngajar budak, dileungitkeun. Kalulusan 
budak ukur ditangtukeun ku waktu 2(dua) poe jeung ukur ku 3(tilu) mata 
pelajaran. Padahal sabenerna guru nu terang sapopoena muridna. Guru 
sabenerna nu gaduh hak naha saurang murid teh bisa diluluskeun atawa 
henteu sanes Menteri Pendidikan ...hehehehe. Pan di Perguruan Tinggi 
oge dosen nu nangtukeun peunteun sabaraha mahasiswana teh ...sanes 
Menteri Pendidikan atawa Rektor.

Komo ayeuna mah aya rencana UN teh oge diterapkeun keur SD. Tah kumaha 
lamun budak teu lulus? ...pan nabrak UU nu ngawajibkeun sakola 9 taun, 
da budak teu bisa asup SMP tapi teu ngulang deui di SD.

Ceuk kuring mah bade UN mah mangga, ngan cik atuh kalulusan budak mah 
bikeun ka guru/sakolana, da maranehna sabenerna anu terang pisan mah.

Baktos,
WALUYA




 

 

Kirim email ke