Kuring urang gunung, keur leutik pangulinan gunung. Nya heueuh da pakasaban 
indung-bapa ngebon/ngahuma alias tani. Sok rajeun ulin tepi ka puncrutna 
sababaraha gunung hareupeun, gigireun jeung tukangeun imah. Unggul puncrut aya 
kuburan atawa sabangsana. Mun ditanyakeun ka kolot, kabeh ngajawab kuburan 
prabu Siliwangi! Lamun ditanyakeun naha pan digunung nu itu kuburan prabu 
Siliwangi mah, lin? "Pamali siah tong loba tatanya budak mah! Kuring rieut ...!
   
  Kuring keur budak kungsi sababaraha kali ulin ka leuweung Sancang, laut kidul 
upluk aplak. Teu meunang ngomong sompral jeung kalakuan lalawora. Pamali! 
Balikna sok ngala jeung mawa oleh-oleh tangkal kaboa(?), mun hayang ninggali 
maung kerik we kulitna terus beuleum, cenah! Naha kudu kitu? Leuweung Sancang 
teh tempat prabu Siliwangi tapa, ngahiang! Aya oge nu mere jawaban prabu 
Siliwangi diudag-udag ku prabu Kiansantang dipundut lebet islam, teu keresaan 
makana angkat ti Pakuan ka kidul nya dugi ka Sancang!   Tambah lieur...lebeng!

  Di tatar Sunda loba gunung anu ngadegna  teh diwewengkon datar, saperti urang 
ngagundukeun kesik ditengah-tengah lapangan mengbal. Lamun ditanyakeun ka 
kolot, cenah eta teh tempat kaluarna prabu Siliwangi ti jero taneuh! Salain 
gunung loba oge leuwi nu jero tur gurawes, lamun ditanyakeun sarua jawabanana 
tempat lebetna prabu Siliwangi nuju diudag-udag ku prabu Kiansantang! 
Beuki...jangar, taluk euy!
   
  Kabehdieunakeun, rajeun maca buku almarhum mang Saleh, mang Ayat, Mang Edi 
inohong sajarah khususna sajarah tatar Sunda kelas wahid! Saur aranjeuna prabu 
Siliwangi dikurebkeun di daerah Rancamaya-Bogor. Nu ayeuna eta wewengkon teh, 
saur inohong kasenian ti Bogor mah parantos ngajangelek janten padumukan 
"elit". 
   
  Kuring, sikuring nu lain sangkuriang ceuk kang Arthur S Nalan mah, leuwih 
percaya kanu pandeuri, di Rancamaya. Lamun tea mah disababaraha gunung aya 
kuburan nu diakukeun kuburan sang prabu, eta mah hiji hal nu wajar reujeung 
bisa ditarima akal lamun urang make "asumsi" yen sang prabu teh dikurebkeun 
make cara-cara agama hindu. Lebu jelema nu dipikacinta, dipikameumeut tur 
dipikaajrih ku rahayat jeung oge keur sababraha alesan politis mun ceuk jaman 
ayeuna mah  tangtuna oge papada hayang atawa disebar ka sakabeh wewengkon tatar 
Sunda tapi tetep nu utamana di Rancamaya. 
   
  siporenges
  nu heureut deuleu!
   
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Tah ieu jinis tema dina ieu milis anu paling dipikaresep ku abdi mah: 
sajarah Sunda, budaya Sunda sareng bahasa Sunda. Nyanggakeun ka anu langkung 
tipayun uninga sual ieu kanggo maparin info

Salamna
Pun Asep

Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      
  wilujeng siang baraya sadaya,
   
  nyuhungkeun pencerahan (naonnya basa Sundana) ngeunaan maotna Kangjeng Prabu 
Siliwangi, aya berita anu pabaliut anu katampi kuabdi (antara sajarah sareng  
dongeng rada ipis), aya nunyebatkeun di daerah leuweung Sancang (Garut?), aya 
nunyebatkeun digugunungan didaerah Rancamaya Bogor, aya deui nu nyebatkeun teu 
maot tapi ngaleungit (nu leres numananya??)
   
  cik susuganan aya info dibabakan.
   
   
  Yayan-Bogor
   
   
   
   
  
  
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   


    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke