Sing sabar wae kang... da nyarioskeun sakadang "gajih" mah moal aya cekapna, ditambih fluktuasi dolar.. walah lieur.. dibere naek gajih oge angger we beuki loba nu dipibutuh..
Kuring ngalaman sorangan, jadi kuli di bidang IT mah kedah kuat fisik, jeung kuat iman.. contona dina menerkeun database server, atawa email server, nya meureun kudu buru2 dibereskeun sanajan tepi ka kudu ngendong ngadon begadang di kantor, tapi lamun diniatkeun ibadah mah alhamdulillah, hate tenang pikiran caang.. tapi tong hilap ngawartosan ka indung barudak.. bisi melangeun.. kudu kuat iman? puguh atuh.. ngarana tukang IT, piraku teu bisa muka email batur? kapan konci admin atawa root aya di maranehanana.. tapi kujalaran ayana iman, teu ieuh2 rek mukaan urusan batur, rejeki batur, aib batur, angot tepi ka mukaan lalatx.com ceuk si evalita tea mah.. jadi ari dijalanan ku sabar jeung rido mah alhamdulillah, rejeki mah aya we geuning.. da rizki mah ti Alloh.. paralun... hapunten.. sanes mapatahan ngojay ka meri... Wassalam, pun iwan ----- Original Message ----- From: :: boedax angon :: To: [email protected] Sent: Wednesday, April 25, 2007 8:54 AM Subject: [Urang Sunda] Jeleme "SUPERMAN" nang gaji "SUPERMIN" Jeleme "SUPERMAN" ngan gaji "SUPERMIN" "Superman", mun urang nyebut eta ngaran, sok reus ingeut ka filem di dibintangan ku ..,ieu filem teh "booming" pisan di tahun 80-an. Filem ieu teh ngagambarkeun hiji lalakon nu ngabasmi kajahatan. Komo deui ditambah si lalakon-na teh ganteng jeung dedeganna jankung gede, nya mun "versi" Indonesia tea mah kawas GATOT KACA ,sanes Gagal Total Kagak Ngaca proyek IPTN tea, nyaeta tulangna kawas waja jeung ototna kawas wesi. Tapi kade ulah dibandingkeun jeung "Superman" anu di hiji iklan nu aya slogan na nyaeta "ada yang kurang, kurang berisi", salahsahiji slogan hiji produk nu make "Superman" ngan ceking jeung kari tulang wungkul. "Superman" mun urang "analogkeun" jeung hiji pagawean , nyurup pisan ka widang IT(Rancatan) atawa tukang nyieunan Program keur hiji pausahaan atawa mun ceuk basa kiwari tea mah "Programmer". Nya pananan tukang rancatan teh mun tea mah tukang nanggung tea , dinu kamus umum basa sunda, 1992, rancatan teh alat paranti nanggung. Tapi aya oge sakaol jelema ngalandihan nu pakepuk dinu widang IT teh kawas tukang kaput. IT atawa Rancatan teh hiji istilah mun cek basa keren na mah "Information Technology" atawa "Teknologi Informasi". Ieu pagawean teh hubungan na luas pisan, komo nu pakepuk teu jauh jeung komputer mah. Kiwari ayana komputer hususon keur widang IT/Rancatan mah ngahampangkeung pagawean urang sapope, saperti hiji dosen kabantu jasa mun manehna nyimpeun data nilai mahasiswana di Spreadsheet, kusabab para mahasiswa teh pasti bae ujian leuwih ti dua kali. Coba weh mun teu make komputer urang bayangkeun, mun aya 300 urang nu arujian kumaha mun manehna ngajumlahkeun manual keur nilai rata-rata, nilai median, nilai kelas, nilai pencilan, jrrd. Tah kukituna mun si eta dosen geus teu Gaptek deui ka komputer tinggal sakali weh ngasupkeun formula na. Tapi kumaha mun eta dosen teh, teu apaleun Spreadsheet acan ngan manehna nyewa hiji tukang nyieun Program keur ngahampangkeun pagawean na kusabab si dosen eta embung riweuh. Kunaon disebut "Programmer", sabab manehna nyieun code-code anu user-friendly, sabab program nu dijieun ku si "Programmer" teh bakal dipake ku jelema di loba golongan , lain bae keur si dosen bae. Ari alat keur nyieun program na teh disebutna Basa Pamograman, ieu teh ditalungtik na mimiti tahun 50-an ku yasana Grace Murray Hooper nu manggihan "BUG KOMPUTER" tea. Tahun 1951 manehna nyieun kompiler generasi kahiji nu diaranan compiler A-O. Saha ari si Grace Murray Hooper teh, manehna awewe nu gawena di Eckert-Mauchhly Computer Corporation salaku Matematikawan Senior. Balik deui ka IT kumaha ari parkembangan pagawean IT di Indonesia teh. Kiwari IT di Indonesia cepet pisan, kabuktianan tiasa urang tingali loba pisan di koran-koran atanapon di mailing-list lowongan pagawean nu patula-patali jeung IT, komo "Programmer" mah, timimiti "Programmer" keur OS (Open Source) atanapon "Programmer" license. Jeung deui kiwari loba jasa pausahaan-pausahaan nu pakepuk dinu widang IT ceuk basa keren na mah "Konsultant IT" atawa Software House, nya nu apal mah di jakarta hiji gedung keur hususna pakepuk dinu widang IT teh di Gedung Cyber tea. Ngan kiwari pausahaan ti India geus asup ka Gedung eta, naha kusabab di India mah Rancatan teh geus mandeuk. Ceuk sakaol mah jadi "Programmer" teh keren sabab manehna pagaweana teu jauh jeung komputer jeung internet eta ge mun boga ases ka internet jeung aksesna teu dibatasan, ngan aya istilah keur jelema IT nu boga ases Internet, manehna pasti wae OL (online)i di internet bohna sok chating di Yahoo Messanger , komo deui sok ngaroom atanapon kojom mah. Tapi ti sagedengeun eta, pagawean "Programmer" teh sibuk jasa, sabab lamun geus dibere gawe pasti sok anteung jeung pagaweana, komo nu coding mah pangreseupna ngadebug code anu salah, kitu weh bedana "Programmer" jeung Desainer mah. Tapi ari pagaweanna geus rengse mah sok nyantey weh sakaeung mun asup teh sok rada beurang atawa mun geus asup ge sok ngagoogling weh di internet atawa ngawayuh (salingkuh) ceuk basa kiwarina mah chating tea. Rancatan atawa IT, dihareup geus dibahas rehna ari tukang IT teh tukang nanggung kabayang mun tanggungna teh isi na loba teu leweih ti hiji, bisa nanggung batu, keusik, sayuran naon bae weh nu ditanggung, tapi mun di analogkeun ka tukang kaput manehna ngaput baju nu geus di desain samemehna. Kiwari si "Programmer" di hiji pausahaan teh tugas na teh pabuelit pisan, komo mun ditingali di lowongan pagawean kudu bisa basa pamograman ieu jeung kudu bisa LAN,CCNP, jrrd. Nya ari ngaranna "Programer" teh kudu sagala kacabak boh dinu software na atanapon dinu hardware na. Komo deui mun geus kudu nyanghareupan client anu rewel manehna sok balik ka imahna teh bisa wae wangci subuh, sabab kudu meneran code nu didevelop ku manehna, jeung deui nu ngaran na client ma sok hayang itu hayang ieu, malihan mah sok hayang pangmenerkeun databasena cenah sakalaian sabab kudu di cleaning up tea. Nya antukna si "Programmer" daek teu daek kudu daek memernah eta database, isukan na manehna kudu asup deui kantor bari mere buku log pagawean manehna kamari bari awak lungse jeung ringseuk komo deui kurang sare sesa nyiluek kamari, kumaha mun ieu pagawean teh tiap poe antukna si "Programmer" teh geuring mereun sabab kacapean tea. Ceuk cenah deui si eta "Programmer" teh kaasup Lembur atawa overtime jadi loba duitna, tapi naha enya kitu jeung deui gajina pasti gede. Tapi rata-rata si "Programmer" gajina kumaha tempat gawena mun tempat gawena kaasup pausaahan gede kawas bank atawa pausahaan minya pasti wae gede mun lain ti kitu mah gaji na teh rata-rata weh 1,5 jutaan kahandap. Komo deui mun di hiji software house si Programmer eta kudu bisa ngadesain oge, kawas kudu bisa adobe photo shop atawa CSS tea, komo deui mun aya nu rudet komputer boss na atawa pagawe nu liana manehna kudu menerkeun nepi kaanggeus jeung deui kudu kakolong meja nga cek kabel LAN atawa Wireless na nepi keun kotor ku kebul. Jadi lamun ceuk si "Programmer" teh disebut "Superman" teh bisa wae, sabab manehna kudu bisa ieu jeung itu ngan weh si "Programmer" na teh cicing wae ngan di jero hatena mah sok ngagurut emangna uing "Superman", malihan mah mun keur chating jeung babaturan aya hiji status yeem manehna nu kieu "Nu bener weh emang na aing teh Superman". Cah ch Yayan Mulyana -------------------------------------------------------------------------------- Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for your free account today.

