Manawi teu lepat, buah hangasa, sanes hanggasa, sarumpun sareng perdu kitu?,
sapertos tangkal kapol, oge tangkal comrang. Buah hangasa sareng kapol dina
taneuh namung sanes beuti. Buah hangasa teh rupina hejo, seungit, rasana amis
pami nu asak mah,aya siki-sikina sapertos kapol. Ari kapol mah rasana amis oge
namung langkung lada atanapi haneut kitu sapertos menthol.
Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bangkong di kongkorong kujang
Kacai kundang cameti
Da kole, kole dibuah hanggasa
Ulah ngomong memeh leumpang
Da hirup
hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho di mangsa
Hirup kudu ati-ati
Ngajaga lampah jeung basa
asana mah kitu ..........
sigana buah hanggasa mah sabangsa buah we .....
On 4/26/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Wilujeng Enzing,
Dina salah sawios lagu panambih dina tembang cianjuran anu dihaleuangkeun ku
teh Ani sukmawati sareng kang Bejo, aya kecap "dibuhangasan". Manawi aya anu
uninga, bade tumaros, naon hartosna "dibuhangasan" teh. Tah ieu rumpaka
tembangna:
Bangkong di kongkorong kujang
Kacai kundang cameti
Da kole, kole dibuhangasan
Ulah ngomong samemeh ngemplang
Da hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho di mangsa
Hirup kudu ati-ati
Ngajaga lampah jeung basa
Nuhun sahenteuacanna kanggo walerannana.
Salamna,
Pun Asep
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.