Har, sumuhun, geuning araya di dieu. Alhamdulillah, sae. Mamat mah di Palembang. Asep dimana ayeuna?
Salam ----- Original Message ---- From: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, April 27, 2007 3:52:33 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kupat Tahu --> Urang Maleber Punten tumaros, Dupi ieu teh kang Sofyan putrana pa Aceng anu linggih di Maleber Inpres II Bandung. Upami leres, kumaha damang? sareng kumaha wartosna tuang rai, Mamat? Salamna Asep sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Kang Gantra, Frekuensi rada nyambung ari ku tuangeun mah. Abdi ngiringan ieu milis teh diajakan ku Kang Ukay rerencangan sakola pabuburit di UI. Eh geuning tepang sareng akang, da moal aya sadunya sigana jenengan Maman Gantra mah, pasti jalmina anu jangkung urang Bandung, di Maleber ecesna mah. Sugan moal poekeun teuing ka abdi. Waktos akang tos kuliah teh, abdi mah masih keneh ngadu kaleci, ucing-ucingan, perang gobang, gatrik, sareng tiasa keneh guyang mengbal di kapling kosong. Ti saprak kuliah abdi rada jarang ruang-riung di Maleber, ngulamprengna sabudeureun kampus we. Tapi pernah pendak di pasampangan waktos harita akang nuju di Tempo asanamah. Ari ayeuna dimana? Ari alamat mah Salemba, atuh caket sareng tempat macul abdi ayeuna di Menteng. Tos 17 taun apruk-aprukan, ayeuna nyangsang di Jakarta, tapi bumen-bumen mah di Bandung wae. Pasti lebeng keneh nya kang? Saha ieu teh? Ari dina akte mah Sofyan Iskandar, tapi di Maleber mah Endang tea kang. Rorompok di Rahayu II caket kang Rudi. Kacida mun lebeng keneh. Saminggu sakali mah masih keneh ngalongokan sepuh di Maleber, alhamdulillah masih jareneng. Salam baktos. Sofyan ----- Original Message ---- From: Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Thursday, April 26, 2007 10:06:50 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kupat Tahu Keur budak, taun 70-an, kupat tahu pangkahotna mah nya Mang Ucup atanapi Si Pongek. Tempatna di Oto Iskandar, tos bade caket ka Jl.Pungkur. Pedo audzubillah. Bungbu kacangna ngaminyak. Tahuna tahu Bandung tulen, togena baleuneur, kupatna oge cakial. Saking panatikna, sim kuring kungsi boga jargon: Mang Ucup atau Mati! (Heureuy ieu mah). Ayeuna duka tah, masih aya atanapi heunteu. Mung, sawatara waktos kapengker, dua lebaran kapungkur asana, sim kuring kantos ngadon sasarap di Jl,Pasundan, nu notog ti ti Sasakgantung ka luhurkeun. Menuna, nya kupat tahu. Alhamdulillah, ningali Bandung teh asa bengras. Duka memang eta kupat tahu teh memang okeh, duka pedah memang keur lapar bari hawa Bandung keur kayungyun -- ibun nyingray ku panonpoe. Duka pedah rada gede pangharepan: Urut kabogoh ujug-ujug kaluar ti bumina. Tapi, sigana mah kupatna memang raos. Ngaleueutna ge ci enteh hejo. Ti Taraju, saur nu ngicalna mah. Baktos, Pun Maman --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED] .> wrote: > > Ngiring euyeub kana per-kupatahuan, bari nepangkeun pun Sofyan ti Raflesia. Upami seepeun di Gempol, cobian di bypass peuntaseun superindo metro. Nganggo bumbu kacang anu tos jadi, dikucurkeun kana kupat anu ditahuan, ditogean, sareng kurupuk. Haransi, mangunreja. > > Baktos > Sofyan > > Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

