Minggu kamari sim kuring rada ngadeluk diajar nyerat perkawis telepon dina basa Sunda, disingkahan mah disingkahan tapi tetep we seueur istilah anu teu tiasa di kana basa Sunda-keun, samisal istilah teknologi atuh. Tapi ah teu nanaon da basa mah kedah hirup jeung jamanna. Tingal we basa Sunda dina naskah buhun sapertos dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian, apan tos benten pisan sareng basa Sunda kiwari, didinya aya dinamika basa anu ngilu kana jamanna, saluyu sareng kamajuan anu makena (bangsana). Telepon jaman LB (local battery) atanapi CB (central battery) tug dugi ka otomat, siga anu mageuhan kana budaya lisan, komo majarkeun bangsa urang mah resep ngobrol, soal naon anu diobrolkeun sareng dina basa naon teu janten masalah. Jaman telepon LB atanapi CB, teu aya wates lamina ngobrol sok sanajan sabaraha puluh jam ngobrol tetep we anu dibayar teh biaya langgananana. Jol telepon otomat nganggo pulsa nu identik sareng lamina waktu nganggo, tah didieu rada kawatesanan da mayarna saluyu sareng lamina nelepon. Kiwari aya telepon selular, disagigireun tiasa komunikasi lisan aya oge kumonikasi tulisan anu disebat SMS ( sok disebat text language atanapi text talk), saur panalungtikan mah rada ngageser tina budaya lisan kana tulis, mung hanjakal, cara nulis ieu text talk teh beuki kadieu beuki rada pikahariwangeun upami ningal wangun tulisan dipakaitkeun sareng wangun basa baku. Nu janten alesan kukawatesanan ku display LCD telepon keupeul (telepon genggam atanapi HP), sareng jumlah karakter anu tiasa ditampung dina sakali ngintun SMS anu antukna gaya tulisan anu disingkat, contona ( ku basa Indonesia direumbeuy ku basa Inggris) "aq otw, sorry aq tlt dtng ke t4 lo, matot di jl gatsu, aq b2 dgn sby, slmt utah,cipika cipiki ya, thx" (aku on the way, sorry aku telat datang ke tempat lu, macet total di jl gatot subroto, aku berdua dengan si Bayu, selamat ulang tahun, cium pipi kanan cium pipi kiri ya, thankyou), gaya SMS siga kieu biasana ti barudak rumaja ka barudak rumaja deui. Kumaha dina basa Sunda..?, waktu sim kuring aya kumpul-kumpul ngado bako sareng barudak rumaja hal basa Sunda, waktos hal ieu di taroskeun ka maranehna, jawabanana ngan ukur gideug, saurna tara nga-SMS ku basa Sunda. Saleresna aya deui gaya basa model SMS dina media sanes nyaeta dina iklan baris lamun nengetan dina koran PR contona :"KsmptnKrj USA&JPG(TRAINING)Hny10org.TnpDP&JmnBsCcl-912xxxxx" Padahal teledensitas di Jawa Barat aya kana 19 na kanggo telepon selular, anu tos tiasa dipastikeun pangseringna komunikasi teh ku cara SMS. Atuh palebah dieu mah basa Sunda geus kadeseh deui bae. Ku ayana teknologi 3G, sigana kapayun SMS kageser ku MMS, kanggo ngamangpaatkeu ieu fitur tangtu peran CP (Content Provider) beuki ageung, kumaha upami CP teh sanes bae mung ukur ngurus ramalan, ring tone lagu deungeun, tapi nyobian aya eusi budaya Sunda utamina CP anu aya di Tatar Sunda, upamina ngadamel video streaming hal situs sajarah di Jabar, hal kasenian di Jabar jste. Tapi ayeuna mah CP teh masih keneh langkung nyoko kana bisnis kalan kalan fungsi edukasi dipopohokeun. Tangtos hal ieu kedah aya gawe bareng antawis operator selular, CP, sareng stasiun TV upami dina program wireless interactive TV.
Pa Djaka, sapertos kitu anu ku sim kuring dimaksad Sunda sareng Teknologi teh, tiasa we teu nyambung, he he...!! Sababaraha waktos kapengker sim kuring nyobian nyerat artikel perkawis Satelit Telkom dina basa Sunda, palebah narjamahkeun istilah Bujur Timur (posisi satelit) kana basa Sunda weleh teu mendak kedah naon, teras we ngintun SMS ka budayawan Sunda naroskeun sugan we aya istilah anu sae dina basa Sunda, na jawabanana teh lah tetep we kitu asal ulah ditarjamahkeun janten "bujur randa" we saurna teh. Heu heu...!! Dugi ka ayeuna eta artikel teu beres-beres, magol keneh da kahalangan ku........bujur.....randa........" MSasmita ----- Original Message ----- From: Djakaria Purawidjaja To: [email protected] Sent: Sunday, May 06, 2007 11:26 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama Kahatur saderek MSasmita, Tah geuning nyanggut useup teh. Nya tangtos yuswa ayi oge tiasa kalebet sasama, mung kanggo info wae, danget ieu sim kuring tos nincak umur 68 taun, kalahiran 31 Maret 1939, domisili eh padumukan di Jakarta tapi sering oge ka Bandung, margi pun bojo urang Bandung , abdi urang Taskmalaya. Perkawis anu disebatkeun" Sunda sareng teknologi " oge nyambung, margi sim kuring kantos icikibung dina teknologi, khususna teknologi Komunikasi elektronika. Namung ari karesep mah teu kauger ku teknologi wungkul aya oge anu sanesna, antawisna basa, budaya, kalebet sajarah , atuh kana maos mah kareseo oge. Saheulaanan sakieu heula, Baktosna DP. .

