Bade nambahan deui ah, kabeneran ayeuna mah ceulina geus teu panas 
deui ....hehehehe. Salaku jalma awam dina Sajarah, kuring sok rada 
bingung jeung para ahli sajarah/sosial nu sabagian katingalina teh 
sok "ngaleutik-leutikkeun" Sunda, jeung lamun perlu "dipupus" wae.

Contona soal aran "Sunda besar" jeung "Sunda Kecil". Waktu Indonesia 
mimiti merdeka, aya provinsi nu aranna Sunda Kecil (Bali Lombok tepi 
ka Pulo Timor). Tapi kadieunakeun diganti jadi Nusa Tenggara. SIgana 
teh nu ngaganti alergi kana kecap "Sunda". Untungna dina istilah 
geografi, ieu teu dileungitkeun. Masyarakat Geografi internasional, 
tetep keukeuh make istilah "Greater Sunda" jeung "Lesser Sunda". 
Hiji sikep khas kaum elmuwan, nu bebas tina kapentingan sejen iwal 
ti kapentingan elmu eta sorangan. Ngaganti aran nu geus baku, bisa 
mupus riwayatna kunaon eta diaranan kitu. Pedah eta kecap "Sunda" 
dipake ku kaum penjajah, nepi ka kudu diganti. Ah ...sabenerna mah 
euweuh masalah da aran Indonesia ge meunang urang Bule!

Usaha "ngaleutik-leutikeun" Sunda teh, tepi ka ayeuna oge masih 
lumangsung. Loba nu nganggap nu disebut Sunda teh  ukur Priangan. 
Lain wae ceuk calon Doktor ti Perancis nu kungsi ngobrol jeung Kang 
Tantan, tapi kuring oge sering ngareungeu dina ngobrol-ngobrol jeung 
etnik sejen. Biasana maranehna sok ngabelebeb lamun ku kuring 
ditanya gampang we: Lamun Banten, Jakarta jeung Cirebon lain daerah 
Sunda, coba terangkeun kunaon aran-aran tempat di Banten atawa di 
Cirebon, umumna make "Ci", saperti ilaharna di Daerah Priangan.

Komo ayeuna, aya bukti yen sabenerna padumuk di Pulo Jawa teh nyebar 
ti kulon ka wetan. Bukti nu paling kuat, situs Batujaya di 
RengasDengklok di Karawang. Ceuk cenah, eta situs teh kolot pisan, 
ti samemeh Masehi (SM) tepi ka abad ka 5-6SM. Pasesaanana kumplit, 
kaasup kuburan nu masih lengkep jeung tulang-taleng jelemana. Kitu 
deui Candi nu kapanggih di Cicalengka, nu ceuk para ahli Purbakala 
jauh leuwih kolot tinimbang candi2 di Jawa tengah jeung Jawa Timur.

Jadi, jauh kana ilmiah lamun nyebutkeun Sunda teh anyar. Lain kuring 
hayang Sunda disebut buhun, da rek buhun atawa anyar oge euweuh 
pangaruhna keur kuring mah. Ngan ari keur elmu pangaweruh mah ieu 
gede hartina, sabab ari elmu pangaweruh mah, prinsipna neangan 
BEBENERAN, leupas tina kapentingan politik, ideologi jeung 
kakawasaan. 

Baktos,
WALUYA

> --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sapuk ka nu didugikeun ku bah Waluya, waktos urang
> Eropa dongkap ka pulo Jawa, karajaan Sunda kacatet
> ku aranjeunana. Rekaman / catetannana abadi duki ka
> ayeuna. 


Kirim email ke