Hatur nuhun teh Ika, punten sim abdi wangsul rada rurusuhan margi aya uleman tabuh 13,30 nu kedah diluuhan, perkawis tempat rupina mah rada condong ka palih wetan alias ka Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung Jatinangor sok sanaos aya masalah sakedik dina transportasi (angkutan kanggo ka lokasi) tapi pami tos janten kasapukan mah insya Allah tiasa diusahakeun ku pihak panitia HBH perkawis angkutan mah janten engke aya kendaraan anu standby kanggo ngangkut baraya anu teu nganggo/nyandak kandaraan ka lokasi HBH.
sakitu panginten anu kapihatur, hatur nuhun kana bantosanana... "kkbm'69" On 5/14/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Toni oge baraya sadayana. > Punten kuring karek datang ka Rajamantri tabuh 14.30. > Perkawis tempat HBH, manawi teh tos paheut di Bumi Perkemahan Mashudi > Kiarapayung, Jatinangor? Gening masih keneh 3 lokasi nu diajengkeun? > Kaleresan kuring nu kawitna ngusulkeun Dago Resort, mung saatos dicek, > mung tiasa nganggo aula wungkul, janten teu aya kanggo nginep. transportasi > sesah. Janten kedah tos dicoret tina daftar. > Upami Bumi Kitri sareng Bumi Perkemahan Mashudi, usulan ti Kang Dede > Mariana. > Bumi Kitri aya aula sareng tempat nginep. Lokasi di Cikutra, transportasi > gampang, mung cenah di kota teuing, upami bade aya acara bakti sosial rada > sesah, nginep bayar. > Pilihan nu ceuk abdi mah rada pantes, nyaeta di Bumi Perkemahan Mashudi. > Eta oge nu kamari katangkep ku kuring, salaku tempat nu bade dipilih, > jalaran tempatna di gunung, caket sareng masyarakat, ngan rada sesah > transportasina, teu aya angkot dugi ka gunung. > Ieu mah mung pendapat abdi, mangga nyanggakeun. > Baktos, > -ika-

