Mang asana kuringteh apanan lain turunan menak apanan anu ngingetan kuring 
menak sunda teh lain amang sorangan, kuring oge dek ngabuktikeun yen kuring 
menak ti sumedang tapina waktu ayeunamah can bisa walakaya, soalna can dawuh 
meureun lamun kuring ulubiung icikibung di dunya pulitik.
lamun sakirana kuring bisa dipercaya jadi ais pangampih di sumedang kuring moal 
ngalalaworakeun amanat kuring sorangan, tapi kuring nanya kadiri kuring 
sorangan naha aya watek atawa bakat lamun jadi ais pangampih, jeung dek kumaha 
carana kuring balewatangan icikibung kadunya anu waktuayeuna harengheng tiiss 
jahe, da ari tedakmah meuerun kabeh jalma aya. ngan aya anu kajalanan jeung 
henteu.

sugan aya bongbolongan ti amang geuning kieu wae sumedang teh komo ayeuna anu 
jadi ais pagampihna urang wetan kawas beak wae menak ti sumedang.

baktos kuncen kasep
darmaraja/sumedang


----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, May 14, 2007 11:40:18 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Riwayat menak ...eh Pahlawan Sunda

 
Sigana turunan menak US ayeuna tos keuna ku degradasi alias 'penurunan' 
kualitas. duka tah kunaha. palebah US nu sok hariwang pedah teu aya inohong US 
di pentas nasional, eta kitu jadi salah sapuluh ciri geus tumpur atawa turuna 
kualitas jeung kuantitas menak US. sigana meureun ieu mah, diarogo teuing keur 
leutikna, jadi mentalna kurang mekar. mun menak tumpur, nya kudu aya generasi 
cacah kuricakan nu bisa ngaganti peran menak. carana mah ku atikan. atikan 
salah sahiji nu penting pikeun proses mobilisasi vertikal. jalur sejen, atikan 
oge, ngan di AMN alias jadi tangtara. mun bisa usaha, wirasuwasta langkung 
alus. sabab widang ieu bisa langsung mere pakasaban (pagawean jeung 
panghasilan) pikeun balarea. 
------------
salah sahiji nu biantara dina KIBS, konferensi internasional budaya sunda, 
ngarana ngan sauted. cek Hawe Setiawan, tah ieu ngaran US asli. cek kuring, 
enya, US asli, ti cacah. da US menak mah marake atawa baroga ngaran kulawarga. 
tapi bisa oge manehna masih katurunan menak, dumasar kana carita yen menak 
baheula istrina atawa selirna sok loba. Dalem sawidak di tasik, anakna sawidak 
(60 urang) pasti ti indung nu leuwih ti dua. 
 
------------
Rosihan Anwar kungsi nulis Obituari di Kompas sababaraha taun katukang, 
ngeunaan Agus Wirahadikusumah. Tulisanana nepi ka kodam Siliwangi nu cek 
manehna diwangun ku para menak Sunda jadi sanajan pangdamna atawa tentarana 
loba seler sejen, ruhna mah tetep Sunda. 
----
beja ngeunaan kodam III, ayeuna rek nyieun sasak gantung di walungan nu sok 
diparake meuntas bari ngojay barudak di wates Garut nu sarakola ka sisi Tasik. 
sigana make korp Zeni tea. nuhun pisan. sugan hate rada berag. nuhun ka Kompas 
nu munggaran manggih kajadian eta, barudak rek sakola kudu meuntas walungan ku 
cara ngojay. beu. 
----
baheula kungsi aya gempungan PWS, paguyuban wargi Sunda di hotel Savoy. Istilah 
wargi atawa kawargian ieu maksudna turunan menak di unggal lembur. Luluguna 
Mayjen Iwan R. Sulanjana, manten Pangdam Siliwangi memeh Gerge Toisutta ayeuna. 
gagasan nu katewak ku si kuring harita soal ngaraketkeun duduluran satatar 
sunda.ongkoh biasana kalangan  menak diklaim atau ngaku boga turunan di luhur 
nu hiji, prabu sliwangi tea (baca raja sunda). ngan duka terusna. meureun lain 
teu aya, ngan teu diwawar2. da biasana kalangan menak sok boga link atawa 
komunikasi, warawuh. 
 
-----
soal atikan walanda bisa jadi memang gede pangaruhna. tapi saestuna -cek 
pamanggih si kuring ieu mah- pastina pasantren ti baheula milu nu ngadidik 
menak jeung cacah atikan agama nu salah sahiji eusi agama teh etika. mun 
didikan walanda cenderung ka intelektual jeung meureun ka soal tatakrama (sopan 
santun) cara feodal, pasantren soal agama jeung etika nu lumpatna kana moral 
akhlak. 
 
 
duka nyambung duka henteu kana jejer ieu. heuheu
 
 
On 5/11/07, Waluya <[EMAIL PROTECTED] net.id> wrote: 
Ieu aya resensi buku-buku biografi para Pahlawan Sunda nu dikarang ku Dr.
NIna Lubis tina Gatra.Com. Nu narik didieu geuning Pahlawan Sunda teh
umumna ti kalangan menak nya? Naon sababna nya? .....asa patojaiyah jeung 
anggapan yen menak teh produk feodalismeu ....

Nyanggakeun copy-pastena!

of Use | Unsubscribe 
Recent Activity
 18
New Members
 18
New Photos
Visit Your Group 
SPONSORED LINKS
Culture change 
Corporate culture 
Cell culture 
Organization culture 
Tissue culture 
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Yahoo! Mail
Next gen email?
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta.
Y! Messenger
PC-to-PC calls
Call your friends
worldwide - free!
.
 




-- 
geocities.com/ mangjamal 



       
____________________________________________________________________________________Building
 a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business gives you all the tools to 
get online.
http://smallbusiness.yahoo.com/webhosting 

Kirim email ke