Sae oge namung urang mah positip bae, ebrehkeun sajarahna eta seni dina buku2,
tapi anu langkung enggal sareng mungkin langkung mirah mah nganggo media it
ieu. Sahingga urang pakiat-kiat hujah ku fakta sejarah, saha anu paling tipayun
ngagaduhan eta seni. selipkeun dina iklan travel wisata, situs pemda, ulah aya
lamun dibuka ku calon turis mancanagara manehna teu ngartieun, janten kedah
dina basa internasional. Sareng deui kedah diupdate teras.
Elehna urang teh dina palebah nyebarkeun dina wujud brusur2 di ruang tunggu
sareng ruang kasumpingan tamu di lapangan udara, oge di hotel2. Mungkin sipat
rada nonjol2keun teh palebah dieu mah perlu, sabab buktina geuning dipiheulaan
ditonjolkeun ku batur. Ari tos kitu kakara urang beunta?
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kampanyeukeun we di internet, kawas kamari2 aya rame blogger
Indonesia nu nyaritakeun kagorengan dunya pariwisata Msia. Heuheu...
On 5/21/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kumaha atuh
narekahanana nya?, kumaha upami aki tams aya pamadengan kieu, aku bae Msia teh
bagian ti Sunda Besar, da puguh eta mah dina peta anu dikaluarkeun ku PBB oge
jelas kalebet gugusan eta? Cing kumaha reaksi manehna, ieu mah mung heureuy,
bongan ngaheurueyan, eh malah ngarebut ketang? Tapi ah teu langkung anu dibendo
we lah. Baktosna aki tams.
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.