Aki Tams kumaha damang ? Masih keneh bade ngalongok ka Palembang ?
Bilih ngajenghok upami ka ditu, sakedik ngawartosan, he he he ... Pa rektor ayeuna naek blazer enggal, PR-na naek terrano enggal, Dekan sareng PD-na nganggo Panther enggal, Kajur nganggo Kijang .. Dosenna naek beus dosen nu tos dengdek balas tos lami teuing teu digentos. baktos, budhi kurono kopo 241 On 5/22/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun leres pisan etah, kuring nambihan deuih. Upami urang atanapi nagara urang palay majeng, sanggakeun wae urusanana ka ahlina, margi ceuk sakaol *"lamun perkara diuruskeun ,lain ku ahlina*, *tunggu wae kahancuran"* kitu asana nguping teh. Janten upami percanten kana eta "palsafah", duka ketang cenah mah anu kagungan eta konsep teh Agama Islam, duka hadist duka ayat suci Al-Qur'an, sareng duka ayat sabaraha deuih. Tapi kayakinan kuring memang, naon wae perkara ari ku ahlina mah sing aya masalah oge moal saloba jeung sasulit jigah lamun diurus kunu boloho ekstrimna mah. Kumaha ari pamimpin nagara urang, baraya sadaya tangtos aruninga, partey2 jigah kumaha parebut jeng parasea hayang jadi pamimpin sigah aing pang bisana, totonjolan, kajeun ngamodal heula oge, bagi2 artos (cenah money politics), ari geus meunang kadudukan, duit anu modal tadi kudu balik deui, kumaha wae carana mah da kuring ieuh anu kuasa meureun, naekeun itu naekeun ieu. Anggaran digelembungkeun, nyunat itu ini, muhun hutang ti luar nagara, caritana mah keur ngabangun, tapi cenah 30 % duka kamana, pasti moal ku patani di desa atawa nelaya, sanes?? Gajih maranehna diheulakeun puluh2 kali lipet, gagayaan sigah nu heueuh hayang laptop hiji sewang, bari bisa ge teuing atuh?? Da teu euleum2 geuning???. Tah anu kitu salah saha? Waleranana tangtos wangsul kana konsep di luhur tadi. Ah jadi lieur* *ngabandunganana oge, mangga teraskeun. Cag aki tams anu boloho tea. ** *Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Punten ngiringan. Pang-pang na mah majuna hiji nagara ditangtukeun ku kahadean para pamingpin nagara jeung ulama. Lamun pamingpin na hade, ulama na hade yakin nagara na ge pasti hade alias maju. Kumaha di Endonesia ??????????????? Tina sababaraha kali ganti pamingpin nepi jeung pajabat can aya hiji oge anu hade, Aya nu hade tapi teu bisa walakaya da euweuh batur (henteu kompak). Kitu deui ulama na, nepi ka ayeuna ulam sibuk ngurus partai lain ngurus umat. Loba ulama nu ngajual dakwah nepi ka pasang tarif sagala. Jiwa pamingpin jeung pajabat pada-pada "KORUP" geus poho ka rahayat. Kajeun seubeuh jang sorangan daripada nyesa jang batur. Paribasa nu diajarkeun keur sakola euweuh nu dipalire contona "Ulah nanya naon nu rek dibikeun nagara ka urang tapi kudu nanya naon nu rek dibikeun ku urang ka nagara" Conto leuwih nyata deui para anggota DPR kamari ribut hayang laptop, lamun ceuk pamikir kuring mah da gajih geus gede terus manehna boga partai maenya teu bisa meuli sorangan mah. Pan hasilna ge jang nagara…..??? Tah kukituna salila jiwa pamingpin, pajabat jeung ulama masih jang diri manehna sorangan jeung kelompok. ENDONESIA MOAL MAJU-MAJU. Nuhun, Cag. ------------------------------ *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On Behalf Of *Asep Hadiyana *Sent:* Tuesday, May 22, 2007 4:37 PM *To:* [email protected] *Subject:* Re: [Urang Sunda] Sual jajah-jajahan Solomon, nagri di tengah sagara Pasifik saurna mah nagara pangmiskinna di dunya. Eta nagri teh geningan jajahan Inggris. Finlandia, 900 taun (upami teu lepat) dijajah ku nagri tatanggana, Swedia. Saatos eta dijajah ku Rusia 100 taun. Ayana kalebet nagri pangmajengna. Janten, pribados sapuk yen henteu aya pakaitna antara mejengna sahiji nagara sareng sajarahna anu kantos dijajah Inggris. Majengna hiji nagara ditangtoskeun ku kaumna sorangan. Moal majeng sahiji nagara atanapi kaum lamun kaumna eta henteu ngarobah nyalira. Wassalam, Asep *ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Rada aneh oge lamun aya nu beranggapan dijajah ku Inggris bakal maju, pedah ningali Singapur jeung Malaysia kitu? Na teu emut ka India, Pakista, Srilanka, negara-negara Timur Tangah, Afrika nu dijajah Inggris loba oge nu teu maju. Komo Palestina mah malah tanahna ku Inggris dipasihkeun ka Israel. Dugi ka ayeuna teu beres-beres. Perang teu anggeus-anggeus. Janten nu ngarana penjajah mah teu aya nu hade. Tapi nu penting oge urang ulah nepi dijajah ku bangsa sorangan. Kumaha carana supaya kamerdekaan teh bener-bener lain ngan saukur tepi ka pintu gerbangna wungkul, tapi keur karaharjaan. Memang eta mah hayang dijajah Inggris teh saukur heureuy meureun, tapi keur kanu sadar sejarah mah asa matak sedih oge, hehehe...... Baktos, -ika- 6. ............naon deui nya? ah pokona mah lah hese rek majuna lah! ngabuktikeunanan ku cara nyieun nagara sorangan, misah ti NKRI. bere tempo saratus taun sugan. cing bisa teu maju? mun enya henteu, gabung deui ka NKRI. heuheu. mun NKRI teu maju2 oge, menta dijajah deui we, engke mah ku Inggris sugan. ------------------------------ Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers <http://us.rd.yahoo.com/evt=48252/*http:/mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC>, not web links. -- geocities.com/mangjamal Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel and lay it on us. http://us.rd.yahoo.com/evt=48516/*http://surveyli nk.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7 hot CTA = Join Yahoo!'s user panel ------------------------------ Be a better Globetrotter. Get better travel answers <http://us.rd.yahoo.com/evt=48254/*http:/answers.yahoo.com/dir/_ylc=X3oDMTI5MGx2aThyBF9TAzIxMTU1MDAzNTIEX3MDMzk2NTQ1MTAzBHNlYwNCQUJwaWxsYXJfTklfMzYwBHNsawNQcm9kdWN0X3F1ZXN0aW9uX3BhZ2U-?link=list&sid=396545469>from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out. ------------------------------ Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.<http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html> Try the Yahoo! Mail Beta.<http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html>

