Kantos hiji waktos ngobrol sareng balad urang Solokan Jeruk.Nya bras kana 
sesebutan : pupunjengan, hihinggulan,kekembangan,alas-alasan, urang-urangan, 
memetahan, sisirangan, taruk hata, kembang tarate, eta sadayana ngaran lukisan.
Naga-nagaan, barong-barongan, ditiru paksi, ditiru were, ditiru singha, diiru 
hartina ukiran, eta sadayana ngaran ukiran.
Kembang muncang, gagang senggang,sameleg,seumat sahurun, anyam cayut, sigeji, 
pasi-pasi, kalangkang ayakan, poleng rengganis, jayanti, cecempaan,papakanan, 
mangin haris, siliganti, boeh siang, bebernatan, surat awi, parigi nyengsoh, 
gaganjar, eta sadayana nami nami lawon (Indo : kain) batik.
Eta sadayana nami nami teh kapendak dina Sanghyang Siksakandang Karesian, 
hanjakal wujudna siga kumaha teu acan aya nu mendakan.
Balad ti Solokan Jeruk ngawartosan tos aya, tos kapendak sapalih, mung sareng 
eta balad teh teu acan pendak deui, malum pakepuk ku cicing tea, bari ituna ge 
siga pakepuk deuih, ceuk inyana "....nyiar kipayah tina nyarekan budak batur 
tea..." (ari dosen sok nyarekan budak batur kitu...?he he....).
Sigana eta sadayana ge kalebet seni rupa Sunda.

MSasmita


  ----- Original Message ----- 
  From: bung barnas 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, June 05, 2007 1:03 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kacapi Suling di Malaysia


  . 
  Sampurasun ka sadayana, eh.. punten janten dikenalkeun ku MJ.Nuhun mang J. 
tos ti 2 sasih kalangkung lebet ka milis ieu teh. aya kana 950an postingna nu 
ditampi teh, hartosna millis kusnet teh aktip pisan. tapi nembe ayeuna wantun 
ketak ketik ngariplay teh, kumargi asa ham ham, bisi dicararean atawa 
disaleungseurikeun, rumaos teu tiasa basa sunda nu leres. hehe.. janten lebih 
banyak cineten memantaw. sok ah.. manawi aya nu gaduh inpo tentang seni rupa 
sunda. Aya kitu?

  Salam,
  BS
   

Kirim email ke