Bade nyarios basa Sunda gaya Bogor nya kang. Kieu yeuh lalakon pribados teh:
                  
  Sabulan katukang kuring dipenta dunungan maturan manehna anu rek presentasi 
di Gedong Bidakara dina hiji acara workshop anu dikoordinir ku ITB. Sacundukna 
ka tempat workshop, ari pek teh ngadadak dunungan teh bolay henteu jadi 
presentasi. Terus manehna nitah kuring ngaganti pikeun presentasi. Jantung 
ngadadak dag dig dug lantaran ngadadak ditodong (naon tah basa Sunda na?) jeung 
tanpa persiapan saacanna deuih. (Cutatan: kuring tipe perfeksionis, sagala hal 
kudu aya persiapan heula).
   
  Sanajan kitu kuring ngaenyakeun, cadu pikeun kuring nolak kapercayaan 
manehna. Kumaha engke lah pikir teh. Alhamdulillah masih aya waktu 20 menitan 
harita teh, langsung wae laptop dibuka terus neangan bahan-bahan anu pakait 
jeung topik workshop; bahan presentasi ti dunungan mah teu dipake, bisi salah 
lamun dipedar ku kuring.
   
  Waktu ngompilasi bahan, hate masih tagiwur ku pertanyaan: “kumaha engke lamun 
aya pertanyaan anu teu bisa dijawab? Kumaha engke? Kumaha engke? Tapi 
tungtungna hate buleud sakali deui ngucap kumaha engke we lah, cadu pikeun 
menta ngundurkeun diri ti medan laga ka panitia mah; la haola wala kuwata ila 
billah. 
   
  Diawalan ku bismillah, teu dicaritakeun lalakon waktu presentasi na mah, 
alhamdulillah gening lancar presentasi teh jeung pertanyaan bisa kajawab kabeh.
   
  Henteu kabayang kumaha nya lamun kuring henteu netepkeun “kumaha engke”; 
meureun kuring teh nolak dunungan atawa ngundurkin diri ka panitia anu 
balukarna bisa nurunkeun harga diri kuring. Meureun bakal disalahkeun jeung 
dibodo-bodo ku dunungan.
   
  Jadi kuring mah ngalarapkeun kumaha engke teh lamun dina kaayaan geus 
kapeped. Jigana urang Sunda sejenna ge kitu meureun.

  Kumaha engke lain hartina tanpa persiapan. Satiap detik atawa menit (komo 20 
menit mah) bisa dipake keur nyiapkeun diri nyanghareupan nu bakal kajadian. 
Kumaha engke oge dipake pikeun ngajaga harga diri (kondite), digunakeun oge 
pikeun ngamanfaatkeun peluang (naon tah basa Sundana?).
   
  Sakitu pangalaman pribados anu didugikeun dina basa Sunda gaya Bogor (Resep 
kana basa Sunda gaya Bogor teh kumargi demokratis henteu aya kasta-kastaan).
   
  Hapunten bilih aya kecap anu henteu merenah. Mangga.
   
  Salamna,
  Asep
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  kudu aya 
panalungtikan ti jihad psikologis ngeunaan proses cara gawe
 otak utamana orang sunda, utamana deui nu sering ngucap kumaha engke.
 tapi asana, dina ngucapkeun kecap eta oge salian ti aya unsur pasrah
 ka Maha engke, oge pastina saeutik lobana geus boga pikiran/gambaran
 ngeunaan urusan nu baris disorang.
 
 pikeun urusan gede mah-nu memang di luar kamampu- sigana kumaha engke
 eta, dilumpatkeunana ka takdir di pangeran.
 
 nu ujian isuk, ayeuna ngucap kumaha engke, bisa jadi manehna memang
 boga bekel, paling henteu salila sasamester geus aya nu napel dina
 sirah. komo dibere uteuk encer.
 
 cik kanu sok nyarita atawa pangalaman/kungsi nyarita 'kumaha engke'
 dongengkeun di dieu.
 
 On 5/23/07, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 > Janten emut taun akhir 60 an di ITB biasa jeung
 > babaturan ari rek ngajak nyinting teh aya dialog kieu.
 > kaleresan aya rerencangan anu didaulat "si kumaha
 > engke"
 >
 > " Euh geuningn keur diajr ? Jang naon eta teh"
 > " Test euy Termodinamik..beurat euy.. Tupamahu lah
 > wegah "
 > "Eh sugan teh keur salse rek ngajak ka UNPAD
 > yeuh..cenah aya rombongan mahasiswi anyar ti tsik keur
 > ngumpul diimah babturan urang..eta didinya daerah
 > Titiran"
 > " Heuh lain titadi atuh" bari mereskeun buka kandel
 > jeung catetan kuliah,
 > " Har... ari testna kumaha isuk",
 > " Ah, kumaha engke we lah"
 >
 > Tah mun eiu positip henteu...?
 >
 > --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > >
 > > Ieu sapotong tulisan kirimkeuneun ka koran. Sugan
 > > dimuat, dijudulan
 > > Mencermati Ajaran Karuhun.
 > >
 > > -------------
 > >
 > > Kumaha engke (bagaimana nanti) mungkin bukan ajaran
 > > karuhun tapi lebih
 > > kepada ekpresi orang Sunda dalam menghadapi masalah.
 > > Sikap yang tentu saja
 > > disalahkan karena hanya dipahami semata sebagai
 > > tidak punya perencanaan yang
 > > baik dan matang. Segala sesuatu sepertinya
 > > dipikirkan belakangan. Padahal
 > > untuk sampai mengatakan kalimat itu, dibutuhkan cara
 > > berpikir cepat untuk
 > > menganalisis permasalahan yang terjadi. Bila ada
 > > orang yang mengatakan
 > > demikian, tidak lantas berarti nekat, tapi justeru
 > > telah dapat menyimpulkan
 > > permasalahan, perencanaan dan penyelesaian berbagai
 > > kemungkinan yang akan
 > > terjadi di luar yang diperkirakan dan dihadapi
 > > nanti. Sesungguhnya ini sikap
 > > optimis, percaya diri dan berani mengambil resiko.
 > > Tak beda dengan seorang
 > > prajurit maju ke medan perang yang dilengkapi dengan
 > > berbagai senjata,
 > > amunisi dan bekal makanan di ransel serta -ini yang
 > > utama- ilmu perang di
 > > kepala.
 > >
 > > Eta nu kapanggih ku si kuring. Saacan ngucap,
 > > "Kumaha engke", pikiran US
 > > pastina geus meroses sagalana ku pikiran kilat dina
 > > uteukna. Ngan jelema oge
 > > jurig nu ngan ngadenge kecap eta wungkul. Teu make
 > > jurus surti yan nu
 > > ngomong kitu pastina geus mikir sagalana, saacana.
 > >
 > > Bener henteuna, mangga taros diri sorangan
 > >
 > > Wallahu alam
 > >
 > >
 >
 >
 >
 >
 > __________________________________________________________Fussy?
 > Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel and
 > lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7
 >
 >
 
 -- 
 geocities.com/mangjamal
 
     
                       

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

Kirim email ke