Tanggal 31 Mei teh ditangtukeun jadi poe teu udud
sadunya. Di Indonesia, teu tinggaleun mieling poe eta.
Aya operasi razia gede-gedean ku pulisi pikeun  anu
sok udud di tempat-tempat umum.

Hiji jajaka keur ngelepus udud  kretek di hiji halteu.
Teu kanyahoan timana jolna, ujug-ujug geus nangtung
pulisi di sagedengeun jajaka.

Pulisi: “Jang, nyaho heunteu lamun poe ieu teh, poe
mieling teu udud sadunya?”
Jajaka:” Punten, teu terang Pa.”
Pulisi:”Jang nyaho heunteu, udud teh ngabalukarkeun
kasakit jantung?”
Jajaka:”Kantenan wae atuh. Tapi da kumaha atuh tos
nyandu.”
Pulisi:”Tibatan dibeuleum, mendingan duit jang udud
teh ditabungkeun. Tah dina sataun teh, duit jang udud
bisa keur meuli motor.”
Jajaka:”Punten Pa, ari Bapa nyesep?”
Pulisi:”Heunteu, nya kunaon kitu?”
Jajaka teh kalah ka luak-lieuk kaditu-kadieu panonna
mureleng jiga neangan hiji barang, terus mencrong ka
pulisi.
Jajaka:”Geuning Bapa teu gaduh motor?”

Baktos,

Mrachmatrawyani




       
____________________________________________________________________________________Ready
 for the edge of your seat? 
Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 
http://tv.yahoo.com/

Kirim email ke