haha... tadina mah moal nek ngiluan. ieu ge ukur hayang nanya wungkul. eta
tah ngeunaan undang-undang nu ngalarang nyiarkeun agama kanu tos ngagem
agama. bieu nyobaan googling sakeudeung, tapi teu manggih. sugan aya nu apal
dina uu mana aya pasal jiga kitu? sugan ari ningali langsung bisa
ngajelaskeun deuih maksud siar di dinya naon.

rada bingung atuda... dina tipi UMUM sok aya 'pangajian' agama. ari cek
kuring mah eta jadi salah sahiji nyiarkeun agama ka nulain agamana padahal
maranehna geus ngaragem agama....

kabingung nu kadua... naon nu dimaksud agama? naha nu ukur diangkeun ku
nagara? ukur islam,karesten,hindu,budha jeung kong hucu (heuheu impor kabeh)
wungkul? lamun kitu, jeung lamun bener urang meunang nyiarkeun (naon wae
definisina... kaasup maksa boh fisik, ekonomi jrrd) ka nu acan boga agama di
luhur, meunang? padahal maranehna geus baroga 'agama'? asa teu adil!!

kuring,
dudi

On 6/6/07, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Abdi cuma ngelingan ka diri nyalira hususna, oge ka para warga pasundan
umumna. Abdi nyaah ka warga Pasundan, teu tega mun Urang Sunda digebruskeun
jadi murtad. Yeuh, tingal Urang Eropa pangpangna nu nuju aheng ayeuna di
Denmark, maranehanana meni gencar ngalawan pengislaman Eropa. Tun tingali,
dina kasalahan oge maranehna meni gencar, Padahal niat urang alus jang
nyalametkeun maranehanana di aherat. Naha urang anu aya dina bebeneran
cicing wae???abdi emut keneh pelajaran PPKn pas SMP, Aya salahsahiji pasal
dina UU anu nyebatkeun yen ulah nyiarkeun agama kanu tos ngagem agama.

**
,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke