hehehe, ngarah tambah lieur jeung ngarah rada konsisten. cing urang
tambahan syaratna, bari urang toong rada teleb, make teteorian. kieu
meureun dongengna:

kecap gawe nu ngabalukarkeun kecap "maneh" jadi gaganti diri kahiji,
eta teh nalika kecap gawena, kecap gawe 'intransitif', jadi lain kecap
gawe nun jadi pagawean subjek utama. contona kieu: kang ndoel keur
ngagelendeng si jay, "cing sing nalipak maneh atuh euy silaing teh!".
tah didieu 'nalipak' teh lain pagawean si kang ndoel, tapi pagawean nu
kudu dipilampah ku si jay, batur ngabako kang ndoel. jadi lebah dieu,
kecap gawena ditarik dikawinkeun jeung kecap maneh, jadi frasa anyar,
frasa majemuk.

tah upama, kecap "maneh" pangantenanana jeung kecap gawe 'transitif',
hartina pagawean nu dipilampah ku subjek utama, di dieu mah hartina
kecap ganti diri kadua, jiga dina kalimah:  "urang nelepon maneh, ngan
hanjakal manehna euweuh." atawa "heueuh ke urang nyampeur maneh." tah
di dieu mah kecap gawe "nelepon" jeung "nyampeur" teh kecap gawe nu
dipigawe ku subjek utama. tah di dieu mah, teu kajadian maneh
kakawinan jeung kecap gawe, tapi maneh ukur jadi batur ngomong.

meureun deui wae, hehehe.

salam,
mh

--- In [email protected], A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> heuheu 
>   ngiringan lieur ah...
>    
>   tiasa janten saupama aya kecap pagawean samemeh kecap maneh, kecap
"maneh" teh nuduhkeun diri. Tapi teu konsisten, kecap pagawean samemeh
kecap maneh teu salawasna ngandung harti jalma kahiji. 
>    
>   conto: aya rerencangan nu nyarita kieu: "urang nelepon maneh, ngan
hanjakal manehna euweuh." atawa "heueuh ke urang nyampeur maneh."
>   tah, naha mun diindonesiakeun teh jadi menelepon diri?
>    
>   jigana lain kecap maneh hungkul. kecap urang oge didinya satata
jeung kuring (ind: saya) lain urang sadaya (ind: kami), manehna lain
hartina (ind: dia), tapi anjeun. tapi ketang kami teh bs baduy bjana,
hrtina kuring.
> tapi duka ketang, boa babaturan teh salah nyarita bs Sundana? tapi
ulah era cenah salah nyarita ku basa Sunda mah.
>    
>   baktos,
>   Adit
>    
>   
> khs579 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           noong sareret, jigana pikeun ngabedakeun iraha "maneh"
hartina "kecap
> ganti jalma kadua, jeung iraha "maneh" hartina "diri sorangan", bisa
> ditoong tina pola kalimahna. 
> 
> upama "maneh" kakawinan jeung kecap gawe, jadi prasa "kecap gawe +
> maneh", di dinya "maneh" hartina diri sorangan. contona: nyangsara
> maneh, maehan maneh, nalipak maneh, jst. 
> 
> dina pola kalimah sejen, nalika kecap "maneh" sosoranganan teu
> dipiheulaan kecap gawe, tapi dipiheulaan ku kecap bantu panunjuk, 
> jigana lebah dieu hartina jadi "kecap ganti jalma kadua".
> 
> meureun, hehehe.
> 
> salam,
> mh
> 
> 1. nalika "maneh" sosoranganjadi 
> --- In [email protected], "MSasmita" <matsasmita@> wrote:
> >
> > Mukaan kamus dina entri kecap "maneh"
> > 1. KUBS LBSS : maneh; 1.kecap gaganti ngaran keur jalma kadua " ieu
> buku bikeun ku maneh ka Kang Adun..", 2.diri pribadi,nyangsara maneh
> anu hartina nyangsara diri pribadi, maehan maneh maehan diri pribadi,
> sing bisa mawa maneh sing bisa campur gaul bari teu kudu kabawakeun ku
> nu teu bener.
> > 2. Dina Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : maneh, hartina gaganti
> ngaran jalema kadua, 2. nuduhkeun diri pribadi
> > 3. Dina Kamus Sunda Danadibrata : maneh ; gaganti ngaran jalema
> kedua, 2. kecap pikeun nuduhkeun diri pribadi.
> > dina kamus anu sanesna ge hartosna maneh ampir sami siga kitu.
> > ( cing engke urang taroskeun ka ahlina dina waktos kursus budaya
> Sunda.....sugan we teu hilap kitu ge....he he...
> > )
> > MSasmita.
> > 
> > ----- Original Message ----- 
> > From: Djakaria Purawidjaja 
> > To: [email protected] 
> > Sent: Wednesday, June 06, 2007 12:37 PM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Seni rupa Sunda
> > Ass ww, 
> > Tetep aya kapanasaran, sugan aya nu tiasa ngawaler, naha aya
> rambat kamalena kana budaya sunda ? Kaleresan aya rerencangan etnis
> sanes sunda tapi ngartos basa sunda, ari pok teh mere komentar cenah
> urang sunda mah sesuai bahasanya TIDAK PERNAH ADA YANG " BUNUH DIRI ",
> yang ada kapan " MAEHAN MANEH "! Mangga pangjelaskeun, abdi mah dugi
> ka ayeuna can mendak !
> > Wass DP.
> >
> 
> 
> 
>          
> 
>        
> ---------------------------------
> Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on
Yahoo! TV.
>


Kirim email ke