Aya anu curiga sidikan kawasna, lamun ngayakeun program bea siswa atanapi
ikatan dinas teh kumaha nasib kakuasaan dina dua atawa tilu tahun kahareup?
Sieuneun bakal kalindes?
Mental eta sigahna masih aya keneh, teu ridho lamun batur maju???komo lamun
anu maju teh bawahan. Teu sakedik anu sakola kaluar nagara ku biaya sorangan
teh salah sawiosna balukar sikap atasan anu boga mental kitu.
Malah aya rerencangan aki tams belaan hayang maju sakola teh, pasea heula
jeung atasan, malah tungtungna dipecat. Mangga wae lenyepan dina pamarentahan
urang oge, aya keneh sipat keukeuh peuteukeuh hayang mun bisa mah jabatan teh
abadi, ulah batur.
Tah sipat "mempertahankan status kuo" eta anu kedah direpormasi heula upami
urang palay majeng.
Wa Allohu Alam bish Shawab.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sumuhun, nu cocog mah ngalangkungan bpps.
Kang Arihid, cobian bae heula atuh tes masuk ke UI-na. Saparantos lulus (tiasa
bari dijalanan kuliahna) tiasa ngajukeun beasiswa boh ka UI atanapi instansi
sanesna.
Hanjakalnya henteu aya program iketan dines ti pemprov jabar atanapi banten
atanapi pemkot/kab di eta 2 provinsi. Tapi cobian we layangkeun serat proposal
permintaan bantuan beasiswa ka para pupuhu eta instansi, saha anu terang bakal
janten jalan pikeun aranjeunna ngadamel program iketan dines atanapi bea siswa;
henteu ayeuna nya sugan jaga.
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
eta mah kanggo nu sakolana di luar nagreg kang. kang arahid mah bade di UID,
universitas indonesia depok.
nu cocog mah bpps.
Asep
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.