Assalamu'alaikum Wr, Wb. Baraya...., Alhamdulillah..., acara ngariung panata Calagra di Jatinangor poe Saptu ping 16 Juni 2007 kalaksanakeun. sok sanajan kaetung telat tina waktos anu tos ditangtukeun tetep laksana kalayan lancar , si kuring (+ neng Rini) kalebet nu sumping pannungtung, nya saparantos kaetang cukup kalayan moal aya deui nu diantosan mah nya bring war sarerea ngabring muru ka tempat anu tos diancokeun pikeun acara HBH 2007 nu bakal datang bari rebo ku bebekelan pikeun botram di Bumi Perkemahan "DR Mashudi" Kiarapayung. teu kantos lami sarerea jog anjog ka tempat anu dituju satuluyna si kuring sareng kang Kumi (kang Adnan) nepangan heula pangurus/pengelola ieu tempat anu samemehna parantos diiberan heula sakumaha amanat ti kang Dede Mariana. Alhamdulillah teu hese da kaleresan anjeuna (pak Ibrahim/ panggurus eta lokasi) nuju aya, atuh saterasa si kuring jeung kang Kumi nepikeun naon pamaksudan samemehna, pak Ibrahim ngamanggakeun pikeun nitenan tempat nu aya di sabudereun bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung anu sakira bakal dianggo engke dina waktuna, samalah mah cenah geus diasupkeun kana agenda sagala acara Kusnet teh. Saterasna sabada pancakakibin ngobrol sareng pa Ibrahim si kuring sabalad-balad neruskeun lalampahan pikeun nitenan patempatan anu aya di sabudereun eta tempat. Tapi samemeh nuluykeun lalampahan kusabab sakadang patuangan geus menta eusi nya neangan heula tempat anu kira-kira merenah pikeun murak bebekelan, sanggeus manggih teu diengkekeun deui sarerea ngampar samak pikeun ngariung bin botram murak bebekelan... Alhamdulillah karasa pisan nikmatna murak timbel bari dibaturan ku gorenga daging hayam, lauk nila, semur jengkol, lalab + sambel dipungkas ku cuci mulutna cau, jeruk jeung rujak....ehmmmm....nikmat...hehehehe.... Sarengsena murak bebekelan nya terus ngobrolkeun rarancang acara pikeun HBH engke...anu kasimpulanana : 1. Pikeun pitempateun HBH Kusnet 2007 insya Allah bakal ditetepkeun di Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung Jatinangor 2. waktuna tanggal. 27 - 28 Oktober 2007 ( 2 minggu sabada boboran Idul Fitri) 3. Pendaftaran baris dibuka insya Allah ngaiwatan bulan Agustus 2007 (mudah-mudahan teu aya parobahan) 4. Format acara di jero rohanngan + di luar rohangan ( masang tenda + api unggun pikeun acara peuting) 5. Papasrahan pangajen pikeun seniman buhun + Kuncen sareng Ceramah umum ngenaan kasundaan 6. pintonan / hiburan 7. aya bazar (dikokolakeun ku kang Agus Pakusarakan) 8. Baksos (dina poe mingguna ) Sakitu hasil kasimpulan sementawis tina riungan poe saptu di Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung Jatinangor Sumedang. teu hilap ngahaturkeun nuhun ka kang Kumi sareng teh Pupi salaku shohibul bait (tuan rumah) anu parantos nyayogikeun sagalana, mugia ieu sadaya dibales ku Allah Swt ku pahala anu manglipet......amin. teu hilap ngahaturkeun nuun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping atuh kanggo anu teu tiasa sumping oge hatur nuhun kana sagala pangrojong sareng pido'a na ku parantos kalaksanakeunana riungan panata calagra HBH Kusnet 2007 di Jatinangor.
Daftar baraya nu sumping waktos dinten saptu ping 16 Juni 2007 : 1. Kang Kumi (kang Adnan/tuan rumah) 2. teh Pupi + Junior / Cep Bagja (tuan rumah) 3. kang Iim 4. kang Emod 5. kang Eddy 6. Teh Pupuj + caroge + putrana (tapi teu ngiring ka lokasi) 7. kang Bohay 8. teh Lyigia Nostalina (teh Egi) 9. kang Gibson 10. neng Rini 11. kang Irfan 12. neng Anita 13. kang Adit 14. ???? (nu kalangkung ngacung...!!!) Sakitu anu kapihatur kanggo laporan hasil tina riungan Panata Calagra HBH Kusnet 2007 dinten Saptu ping 16 Juni 2007 di Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung jatinangor Sumedang, bilih bade aya nu nambihan utamina ka baraya nu sumping dihaturanan. kanggo photo-photo lokasi aya di kang Kumi....derrr....ah alungkeun.....!! hatur nuhun. baktos, "kkbm'69" -pupuhu/tukang wawar.....

