Enya kang! 
  Pan cenah anu abadi mah ngan perobihan eta sorangan.
   
  Kang milarian buku Langit kResna Hadi mah gampang..ka Gramedia wae. tah upami 
teu aya,  sok aya komputer anu eusina database tinggal klik he..he...
  Tos aya 4 jilid upami teu lepat mah. Jilid anu katilu judulna Perang 
Bubat.(ke upami tos meser abdi nambut nya kang! tong wawartos ka 
batur!).sakantenan we sareng jilid nu ka 4 kang ..he..he..(punten sanes 
iklan......), sanes ngadukung Langit Kresna Hadi oge ngan didinya aya patula 
patalina sareng urang sunda.
  Abdi mah resep kana sajarah teh, boh ancient boh sajarah kontemporer...boh 
sajarah dunya atawa sajarah lokal.
   
  Dede Sahman
   
  Anu matak narik, sababaraha abad kapayunna, karajaan Romawi janten imperium 
anu oge ngawasa wilayah karuhunna di Turki. Dina sababaraha abad kapayunna 
deui. Urang Turki (anu sakaruhun sareng urang Romawi) balik ngalawan sareng 
ngarebut Romawi Timur waktos jaya-jayana kasultanan Turki. Sababaraha abad 
kapayunna deui, urang Turki merangan urang Yunani sareng hasil ngarebut Siprus. 
Ayeuna Siprus satengahna masih dikawasa ku Turki. Janten kacindekannana, 
kajayaan sahiji bangsa henteu abadi; kapungkur aliansi Yunani ngagempur 
sabagian Turki, sababaraha puluh abad kapayunna Turki sabalikna ngagempur 
Yunani sareng ngarebut sabagian Siprus (sabagian Yunani). Eta salah sawios 
pelajaran anu tiasa dipetik tina sajarah.
   
  Ngeunaan buku anu dikarang Langit Kresna Hadi, eta teh buku naon? Sanes komik 
'nya? Teras dimana tiasa digaleuhna?
   
  Wassalam,
  Asep


Website :
http://jatigede.bravehost.com/
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke