kotroversi ngenaan Syeh Siti Jenar dugika danget ayeuna nyisakeun misteri nu 
rumit.
  sababaraha kaul dina buku-buku sejarah terutami karangan Abdul Munir Mulkan 
-pun guru pribados waktos ngelmu di Jogja- medarkeun perdebatan Syeh Siti Jenar.
  aya dua permasalahan nu sigana kedah ditempatkeun dina porsi nu jelas, sateu 
acan ngobrolkeun Syeh Siti Jenar
  1. kontroversi sejarah. dugi ka ayeun teu acan aya bukti atanapi klaim nu 
dianggap sahih ngenaan sejarah Syeh Siti Jenar. sababaraha kaol malah 
nyebatkeun Syeh Siti Jenar teh mitos nu dimunculkeun kanggo ngalawan asimilasi 
islam+jawa nu beuki maceuh. alasana jelas, proses islamisasi di Jawa khususna 
teu lepas tina proses bertahap "ngajawakeun islam" VS "ngaislamkeun jawa". 
  kumpulan wali songo, utamina Sunan Kalijaga aya di patron "ngaislamkeun 
jawa", hartosna secara bertahap kepercayaan tradisional (animisme sareng 
dinamisme) digentos ku katauhidan. teu aneh pami misalna wayang aya kalimat 
"syahdataena". 
  pihak kadua "ngajawakeun islam" diwakilan ku Syeh Siti Jenar. alasana teu 
mungkin proses islamisasi bisa ngalengitkeun kepercayaan tradisional. kumargi 
kitu Syeh Siti Jenar gaduh kayakinan kanggo islam versi lokal
  kontroversi sejarah ieu tiasa ditempatkeun dina wilayah ieu. kalangan wali 
songo nu cakeut sareng kalangan pamarentahan ngarasa kasaingi ku Syekh siti 
jenar nu tiasa ngarebut perhatian kalangan jawa tradisional. kumargi kitu 
sabaraha kaol malah nyebatkeun yeun Syeh Siti Jenar teh mitos nu sengaja di 
munculkeun ku perebutan kekuasaan para wali sareng tokoh politik jawa. semacam 
teori kambing hitam sapertos nu dicatur ku Rene Gerard tea
  2. soal ajaran
  tah ieu nu paling rumit mah. Syeh Siti Jenar dianggap penganjur filsafat 
panteisme, wahdatul wujud, manunggaling kawulo gusti, bahkan tasawuf islam 
jawa. dimana secara tauhid, kalangan wali songo ngaraos "berbahaya" kanggo 
penganut islam nu enggal.
   
  tah pami pribados misalna pribados ditaros ngenaan kontroversi Syeh Siti 
Jenar, pribados mah gaduh feeling (he3X) yen Syeh Siti Jenar mung sebatas mitos 
politis perebutan pengaruh kewibawaan. bahkan bisa jadi keberadaan Syeh siti 
Jenar nyaliri mung tokoh rekaan personifikasi islam jawa vs jawa islam.
  bahkan nu nambih lieurna mah kulantaran mitos-mitos keajaiban Syeh Siti Jenar 
nu saurna sapertos Al Halaj
   
  mangga diantos tanggapanana heula
   
  baktos
   
  herdis

s4d3w470 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Karunya pisan atuh nya kang syeh siti jenar teh meni dijejeleh 
pisan, nepi ka disaruakeun jeung anjing hideung sedih sim kuring mah 
ngadanguna ge.
Tiasa janten kang syeh siti jenar teh urang sunda da waktos ngobrol 
na parahu sareng sunan kalijaga ge teu ngangge bahasa india.
Mangga kanu langkung uninga leres teu eta teh sim kuring oge 
panasaran yeuh...

hatur nuhun,
s4d3w470


--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kasus Seh Siti Jenar atawa Seh Lemah Abang aya oge dina pedaran 
almarhum
> Mang Ayat anu nyokot sumber salasahiji pustaka naskah2 Pangeran 
Wangsakerta.
> Numutkeun eta naskah, Seh Lemah Abang teh karuhunna mah ti tatar 
India.
> Uyutna, Seh Kadir Jaelani, ngumbara ka Malaka.
> 
> Seh Lemah Abang diajar Islam di Parsi jeung Bagdad ka ajengan2 
Si'ah. Ti
> Bagdad, anjeunna laju ngumbara ka pulo Jawa, bumen2 di Amparan 
Jati,
> tatanggaan jeung Seh Datuk Kahfi anu mun dijujut pancakakina mah 
cenah masih
> kaitung dulur. Ti Amparan Jati, Seh Lemah Abang pindah ka Cirebon 
Girang,
> terus ka Pengging, terus balik deui ka Cirebon. Ti saprak 'turun 
gunung' ka
> Cirebon Girang, beuki lila muridna beuki nambahan. Malah para 
menak ge loba
> nu jadi muridna, di antarana wae aya bupati Pengging jeung Pangeran
> Panjunan.
> 
> Anu dianggap sasab ku kalangan Muslim umumna, cenah ajaran 
ngeunaan ayana
> insan dina diri Pangeran, kitu oge sabalikna. Lian ti eta, anu 
sigana paling
> beurat mah nyaeta ketakna dina widang pulitik anu nitah bupati 
Pengging
> baruntak ti Demak. Kitu oge Pangeran Cirebon dititah sangkan 
ngarebut
> kakawasaan di Cirebon. Balukarna, bupati Pengging diserang ku 
Sunan Kudus
> (senapati Demak) nepi ka palastra. Ti dinya, Sultan Demak (Raden 
Patah) laju
> ngincer Seh Lemah Abang di Cirebon. Dibantuan ku pasukan Cirebon, 
pasukan ti
> Demak nu dipingpin ku Sunan Kudus bisa newak Seh Lemah Abang. 
Anjeunna
> dibawa ka Masjid Agung Sang Ciptarasa, kitu oge murid2na teu 
tinggaleun
> marengan guruna.
> 
> Di ieu masjid, Seh Lemah Abang ditalek ku Sunan Kalijaga nu 
dibarengan ku
> para sunan lianna. Sawala teu anggeus2, antukna jadi paaduregeng 
pasea, nepi
> ka cenah kaluar kekecapan ti Seh Lemah Abang anu dianggap kasar 
kacida.
> Murid2na anu kabawa napsu narajang ka Sunan Kalijaga & Sunan Giri, 
tapi
> kaburu ditewak ku bala kaamanan. Ti dinya terus diputuskeun yen 
Seh Lemah
> Abang dihukum pati. Anjeunna dihukum pancung di buruan masjid, 
laju layonna
> dikurebkeun di kampung Kemlaten. Anapon murid2na mah dibebaskeun.
> 
> Najan tos pupus dihukum pati, Seh Lemah Abang tetep dipikaasih ku 
para
> muridnam sahingga kuburanana pada ngadeugdeug. Kaayaan kitu teu 
dipikaresep
> ku Sunan Gunung Jati, sahingga lajeng anjeunna kalawan susulumputan
> marentahkeun sangkan eta kuburan dialihkeun ka Amparan Jati, 
sedengkeun anu
> di Kemlaten dieusi bangke anjing hideung.
> 
> Teu lila ti eta--sigana--para murid Seh Lemah Abang menta ka 
Sultan Cirebon
> sangkan diwidian mindahkeun layon guruna ka Pengging (sigana mah 
kalolobaan
> muridna urang Pengging). Nalika digali (sanggeus diwidian), eta 
para murid
> ngajenghok sabab nu aya kalah bangke anjing. Nyaksian kitu, Sultan 
Cirebon
> ngageuing aranjeunna sangkan ukur muja ka Pangeran, ulah muja2 
bangke anjing
> (enya da bukti, horeng nu salila ieu dipuja2 teh kuburan anjing, 
da layon
> Seh Lemah Abang mah tos dialihkeun).
> 
> On 6/27/07, A <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Basa abdi meser buku ti Gramedia judulna Mysteri Syekh Siti 
Jenar, isi
> > buku
> > eta teh ngajejeleh Kang Siti hehehe... despite of 
ngajejelehna... tah aya
> > anu menarik anu ngadamel kapanasaran abdi. Ceunah dina buku eta 
aya anu
> > nyarioskeun yen Syekh Siti Jenar teh... aya kamungkinan Urang 
Sunda Pakuan
> >
> > Pajajaran anu asup Islam nu nyebarkeun Islam di P. Jawa?
> >
> > Manawi aya anu apal euy... eta Juragan Siti teh timana asalna? 
Enya kitu
> > Urang Sunda atawa turunan Sunda? Upami Jaman Siti Jenar anu 
sajalan jeung
> > Sajarah Sunda eta Jaman Naon nya?
> >
> 
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
>



         

       
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us.

Kirim email ke