punten, emang kunaon kitu blasteran Garut Sumedang?

sanes nanaon yeuh, naros teh soalna pun biang katurunan Sumedang, teras pun
bapak Garut aseli...
teras pernah dipadungdengkeun oge di lembur teh cenah aya mitos sumedang
jeung Garut teu meunang ngahiji..

tapi Alhamdulillah, ibu rama dugikeun ka ayeuna tos anak incu malahan mah
tos aya buyutna masih ngahiji sanajan emang seueur pisan gogodana..

mung teu ngartos wae.. mitos anu menyesatkan masih keneh diangge..




On 7/4/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Dajal? Da, Jalema...heheh...heureuy ah!
*Kieu tah ari blasteran Garoeth-Soemedank teh...*
Kamari aya iber Boepathi Soemedank (nu bujangan tea) "ditarosan"...eh,
naha? pan pameget nya?
Kedahnamah "narosan" sanez?
Heu..heu...ari pek teh ditarosan ku KPK nu aya pakuat pakait sareng DKP.
Alhamdulillah salamet tah...

Nembe mah maos na koran, Boepathi Garoeth teh nampik sapajodogan ngeunaan
iber anjeuna.
"Teu acan puguh leres henteuna, puguhkeun heula bule hideungna pami kedah
ngaleupaskeun jabatan mah.
Naha nembe ayeuna, teu tikapungkur waktos nembe makalangan dipaluruhna?"
saur anjeuna na koran.
Janten mana nu leres ieu teh? Wallahu'alam...

Duh, naha langsung rieut ngemutan pulitik mah nyaa?
ro2
teuresepulitikmungnyobiandiresep2
.



Kirim email ke