Beu! Eta uing jadi kangguru! Heuheuheu! Kang MJ bupati ayeuna didemo teu rek didemo kumaha. Sasat rahayat disasaak ka bukur2na. Anu jadi kadis kabeh adi jeung lanceukna. Pemborong, Bengkel mobil dinas kabeh ku adi2na. Malah bapana pisan, ngadaweung dihareupeun puskesmas maripari: Bari nyarita katiap jelema:"mangga bilih hoyong janten PNS mungpung pun anak jeneng. Mung 45jt, kadis 350jt (cenah ieu ge! Ceuk tatanggana!). Sawah rahayat, kabeh dibeuli paksa kang! Gelo pan tah! Pantes we sesepuh jabar nyarebut dajal kamanehna!
--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED] > wrote: > > kangguru, > Garut teh boga posisi penting di jawa barat malah geus nasional. > ulah nepi ka rusak kiruh jeung sajabana. > > garut teh beunghar boga sumber alam, wisatana, jsb. > bandingkeun jeung ciamis nu teu boga nanaon. > > SDM Asgarna oge potensial, ulet jeung hade. > eta we, Gubernur Bank Indonesia urang Garut. > pokona ti artis nepi ka besan Suharto, urang Garut aya. > > karek ayeuna di urang (asana) aya kalungguhan bupati di demo gede2an. > sugan we kahareup mah bupati teh lain raja leutik, tapi 'kepala pelayan > masyarakat sakabupaten' > numutkeun konsep nagara demokratis. > > On 7/3/07, Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Dajal di Garut? Kade ulah salah harti. Sabenerna > > kecap Dajal eta, leuwih ditujukeun kana pasipatan > > hiji jalma anu kacida gorengna. Eta kecap Dajal, > > kadangu kucepil uing basa agustus 2004. Harita teh, > > uing katamuan ku sesepuh Jawa Barat asal garut. Anu > > geus sepuh pisan (tos almarhum). Anjeuna wanti2, > > kade garut teh dipimpin ku dajal. > > > > > > > > > > -- > geocities.com/mangjamal >

