HEUAY
Wadul, mun aya nu ngaku can kungsi heuay, tangtuna sarerea geus pada apal nu 
kumaha ari heuay teh. Komo kana rasana mah, kabeh ge pasti satuju yen heuay teh 
pelem. Pelem kacida. Malahan saking pelemna aya nu kadedemes sagala. Unggal 
menit nya heuay jeung heuay we gawena teh. Sanajan pelem, omat kana heuay teh 
ulah sok kokomoan teuing. Bisi kawas batur, gara-gara heuay antukna dibawa 
karumah sakit lantaran heuayna kaliwatan teuing, carehamna teu balik deui, 
alias calangap salawasna, katambah keur calangap teh geleber aya entog eunteup 
kadinya, terus asup bari ludak lodok.

Ceuk nu pirajeunan ngukur lilana heuay, rata rata sakali heuay meakeun waktu 
genep detik, malahan jalma ngirit mah heuayna ge sok diawet awet sadetik 
sadetik, idealna heuay nu tumaninah meakeun waktu 3 menit. Jadi mun diitung 
salila sajam bisa 20 kali heuay nu tumaninah. Sabenerna nu sok heuay teh lain 
manusa wae, da sato ge osok. Sato nu sok heuay diantarana, monyet, kuda, singa 
jeung maung. Cara heuayna ge meh sarua jeung manusa, teu percaya? Pek we 
ngarendeng jeung monyet hareupeun eunteung, heug babarengan heuay. Ngan bedana 
ari manusa mah heuay teh pertanda datang pitunduheun, ari sato mah heuay teh 
tandana lapar. Jadi ulah sakali kali nyodoran cikopi pait ka monyet anu keur 
heuay.

Nu geulis sok heuay, nu kasep sok heuay, nu goreng patut komo. Jadi heuay mah 
teu pandang bulu kasasaha ge eunteup. Sasatna heuay mah geus milik sarerea. 
Ceuk nu rahul mun hayang ningali kageulisan hiji wanoja salian ditingali waktu 
keur sare, oge bisa disidikeun waktu keur heuay. Lamun keur heuay rupana tetep 
geulis, tah eta nu disebut geulis lain pupulasan teh. Tapi sabalikna mun nu 
goreng patut heuay, katingalina jadi geulis. Tah ieu mah, geus teu salah deui, 
kudu gancang dipariksa ka dokter, bisi enya tambah parna katarakna. 

Numutkeun hasil panaluntikan anu can tangtu bener, disatiap otak jelema ngancik 
hiji zat anu ngahudangkeun rasa solider. Zat ieu bakal bereaksi, tur sumebar 
kujalan heuay. Sakilas mah heuay teh siga nu tepa padahal nu saenyana sok 
ngadadak solider mun ningali nu heuay.  Hiji conto, dihiji desa keur diayakeun 
rapat anu dipingpin ku pa kades kalayan dihadiran ku para rt. Basa pa kades 
keur seuri mah ngan sababaraha urang nu ngilu seuri, tapi basa pa kades heuay, 
ampir kabeh anu haladir di eta tempat ngilu heuay. Matak pipilueun heuay teh 
cenah solider ka pa kades. Beu! ***SR***



Kirim email ke