Lain kitu kang... nya amun uing suudzon ngenta hampura. tapina da uing mah lain suudzon, da kalimatna oge kalimat tanya, make tanda tanya (?) puguhan kuring mah menta klarifikasi.
ari ceuk kuring mah, teu nanaon sok amun rek asup deui oge, tapi statusna kuduna teh dimoderate heula, ngarah disaring. jadi moal nyieun polemik atawa pipaseaeun... apanan jelema eta teh boga "track record" anu goreng, naha maen bisa lar sup wae ngirim postingan. Kang Ndoell,,, ari ceuk kuring mah lain masalah bisa ngontrol emosi atawa henteuna. ngan kuring mah teu suka amun ieu milist dijadikeun tempat jang ngagogoreng, atawa jadi tempat pipaseaeun. Nya tapi amun hal anu kieu ternyata dianggap wajar ku kuncen, nya kuring narima. ngan kuring jadi mikir deui cicing di lembur ieu teh euy... -Bohay- 2007/8/2, ndoell <[EMAIL PROTECTED]>: > > heu..heu ... > > Sabar bro ! Sabaaaar.... > Ari "Kang Neng Ely" teu meunang Suudzon, sedengkeun Kang Bohay > geuning kalah ka suudzon ka Kuncen. > > "Kang Neng Ely" mah memang tipikal tukang kompor. Kabeukina > ngaduruk lembur, resep pisan mapanas batur, Pro-pokator ceuk basa > ayeuna mah. > > Gumantung ka diri urang, rek kapancing atawa henteu. Mun kapancing, > hartina urang masih keneh gampang kapangaruhan. Emosi urang > masih keneh teu kaopan. Padahal mah ceuk uing, saurang we nu mairan > tuluy batur milu mairan, bakal ngabentuk efek domino. Jadi sabenerna > mah ari kira-kirana teu sreg kana hate, hadena tong dipairan. > Beres...! pastina ge, imel ti "Kang Neng Ely" teh liwat ku kitu > wungkul. > > Lain Kuncen cicing wae nempo polah nu kararitu teh. Tapi salila > masih keneh dina koridor nu jelas, teu ngalanggar papagon nu aya, > meureun ku Kuncen ge diantep heula. Tapi mun geus nyigeung, geus > nunjuk ngaran atawa noel hal-hal anu sipatna sensitip, tos pasti > eta mah bakal ditalapung deui bae. > > Abus ka Milis Kusnet teh hakna sakabeh umat Sunda anu resep kana > kasundaan, kaasup "Kang Neng Ely" ieu. Sanajan geus ditalapung tapi > tuluy subscribe deui, eta mah hak anjeuna. > > Ibaratna narapidana nu balik deui ka masayarakat, tangtuna kesan > goreng masih keneh napel. Tapi urang teu meunang suudzon samemeh > kabuktian manehna ngalakukeun deui kagorengan. Susuganan we atuh > ayeuna mah geus sadar, geus insap. Apan ngarana oge jelma, kaancikan > ku owah gingsir. sakapeung gelo, sakapeung deui gege-loan. > Bener pisan ceuk Kang Bohay, yen milis teh keur manjangkeun tali > silaturahmi. Maenya manjangkeun bulu irung mah. > > Mun postingan nu bieu dikirim ku "Kang Neng Ely" teh ngarupakeun hiji > kagorengan keur lembur, nya eta mah mangga teh teuing bade ditalapung > deui oge. Tapi punten, kuring salaku Kuncen teu bisa mutuskeun ku > sorangan, sabab Kuncen teh aya 8. Jaba can meunang gajih, da Nomer > Induk Kuncen-na patukeur jeung Kang iim. hi hi.. > > Sakitu manawi, > > -dul- > Kuncen #8 > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "reka > gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> > > wrote: > > > > Kahatur kanggo kuncen ieu milist... > > > > Naha jelema anu geus ditajong tina milist bisa asup deui kana > milist? > > Bener kitu diinvite ku kuncen? > > > > Tuh,,, manehna geus suudzon deui wae... nyieun pipaseaeun. nyieun > pitnah. > > tong waka manehna, ngan anu mairan oge jadi pipilueun suudzon ka > manehna. > > jadi mun kitu mah moal baleg kan? > > > > Hampura kang,,, kuring mah teu suka amun ieu milist ngasupkeun > deui eta > > jelema, brarti ieu milist miara sifat fitnah, suudzon jeung miara > > pipaseaeun. > > Kuring lain anti kanu diskusi, lain anti kana tukar pikiran, oge > teu anti > > kana berdebat. tapina, ari kudu berdebat make cara anu teu sehat > mah > > keheula, uing mah teu resep ku cara anu teu sehat mah. > > > > LAINNA SALAH SAHIJI TUJUAN MILIST IEU TEH MANJANGKEUN > SILATURAHMI??? > > > > Ieu mah ngadon dipake nyieun pipaseaeun. Nya kukituna, amun > misalkeun jelema > > eta masih keneh aya di ieu milist, nya ulah aneh mun loba anu > kaluar ti ieu > > milist, termasuk uing meureunan. Da apanan nu lain oge hayangna > teh milist > > teh dipake silaturahmi, lain dipake kikieuan. > > > > cag ah... > > > > -Bohay- > > > > >

