abdi oge setuju kang bohay..... -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of reka gayantika Sent: Thursday, August 02, 2007 1:10 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Kahatur Kuncen>>> uing protes ka kuncen
Kahatur kanggo kuncen ieu milist... Naha jelema anu geus ditajong tina milist bisa asup deui kana milist? Bener kitu diinvite ku kuncen? Tuh,,, manehna geus suudzon deui wae... nyieun pipaseaeun. nyieun pitnah. tong waka manehna, ngan anu mairan oge jadi pipilueun suudzon ka manehna. jadi mun kitu mah moal baleg kan? Hampura kang,,, kuring mah teu suka amun ieu milist ngasupkeun deui eta jelema, brarti ieu milist miara sifat fitnah, suudzon jeung miara pipaseaeun. Kuring lain anti kanu diskusi, lain anti kana tukar pikiran, oge teu anti kana berdebat. tapina, ari kudu berdebat make cara anu teu sehat mah keheula, uing mah teu resep ku cara anu teu sehat mah. LAINNA SALAH SAHIJI TUJUAN MILIST IEU TEH MANJANGKEUN SILATURAHMI??? Ieu mah ngadon dipake nyieun pipaseaeun. Nya kukituna, amun misalkeun jelema eta masih keneh aya di ieu milist, nya ulah aneh mun loba anu kaluar ti ieu milist, termasuk uing meureunan. Da apanan nu lain oge hayangna teh milist teh dipake silaturahmi, lain dipake kikieuan. cag ah... -Bohay-

