heu..heu ...

Sabar bro ! Sabaaaar....
Ari "Kang Neng Ely" teu meunang Suudzon, sedengkeun Kang Bohay 
geuning kalah ka suudzon ka Kuncen. 

"Kang Neng Ely" mah memang tipikal tukang kompor. Kabeukina 
ngaduruk lembur, resep pisan mapanas batur, Pro-pokator ceuk basa
ayeuna mah.

Gumantung ka diri urang, rek kapancing atawa henteu. Mun kapancing,
hartina urang masih keneh gampang kapangaruhan. Emosi urang
masih keneh teu kaopan. Padahal mah ceuk uing, saurang we nu mairan
tuluy batur milu mairan, bakal ngabentuk efek domino. Jadi sabenerna
mah ari kira-kirana teu sreg kana hate, hadena tong dipairan.
Beres...! pastina ge, imel ti "Kang Neng Ely" teh liwat ku kitu
wungkul.

Lain Kuncen cicing wae nempo polah nu kararitu teh. Tapi salila
masih keneh dina koridor nu jelas, teu ngalanggar papagon nu aya,
meureun ku Kuncen ge diantep heula. Tapi mun geus nyigeung, geus 
nunjuk ngaran atawa noel hal-hal anu sipatna  sensitip, tos pasti 
eta mah bakal ditalapung deui bae.

Abus ka Milis Kusnet teh hakna sakabeh umat Sunda anu resep kana
kasundaan, kaasup "Kang Neng Ely" ieu. Sanajan geus ditalapung tapi
tuluy subscribe deui, eta mah hak anjeuna. 

Ibaratna narapidana nu balik deui ka masayarakat, tangtuna kesan
goreng masih keneh napel. Tapi urang teu meunang suudzon samemeh
kabuktian manehna ngalakukeun deui kagorengan. Susuganan we atuh
ayeuna mah geus sadar, geus insap. Apan ngarana oge jelma, kaancikan
ku owah gingsir. sakapeung gelo, sakapeung deui gege-loan.
Bener pisan ceuk Kang Bohay, yen milis teh keur manjangkeun tali 
silaturahmi. Maenya manjangkeun bulu irung mah.  

Mun postingan nu bieu dikirim ku "Kang Neng Ely" teh ngarupakeun hiji
kagorengan keur lembur, nya eta mah mangga teh teuing bade ditalapung
deui oge. Tapi punten, kuring salaku Kuncen teu bisa mutuskeun ku
sorangan, sabab Kuncen teh aya 8. Jaba can meunang gajih, da Nomer 
Induk Kuncen-na patukeur jeung Kang iim. hi hi..

Sakitu manawi,


-dul-
Kuncen #8

--- In [email protected], "reka gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kahatur kanggo kuncen ieu milist...
> 
> Naha jelema anu geus ditajong tina milist bisa asup deui kana 
milist?
> Bener kitu diinvite ku kuncen?
> 
> Tuh,,, manehna geus suudzon deui wae... nyieun pipaseaeun. nyieun 
pitnah.
> tong waka manehna, ngan anu mairan oge jadi pipilueun suudzon ka 
manehna.
> jadi mun kitu mah moal baleg kan?
> 
> Hampura kang,,, kuring mah teu suka amun ieu milist ngasupkeun 
deui eta
> jelema, brarti ieu milist miara sifat fitnah, suudzon jeung miara
> pipaseaeun.
> Kuring lain anti kanu diskusi, lain anti kana tukar pikiran, oge 
teu anti
> kana berdebat. tapina, ari kudu berdebat make cara anu teu sehat 
mah
> keheula, uing mah teu resep ku cara anu teu sehat mah.
> 
> LAINNA SALAH SAHIJI TUJUAN MILIST IEU TEH MANJANGKEUN 
SILATURAHMI???
> 
> Ieu mah ngadon dipake nyieun pipaseaeun. Nya kukituna, amun 
misalkeun jelema
> eta masih keneh aya di ieu milist, nya ulah aneh mun loba anu 
kaluar ti ieu
> milist, termasuk uing meureunan. Da apanan nu lain oge hayangna 
teh milist
> teh dipake silaturahmi, lain dipake kikieuan.
> 
> cag ah...
> 
> -Bohay-
>


Kirim email ke