Mudah-mudahan aya mangfaatna ieu wartos :
1. Masjid Salman mah anggeur jiga kitu ( Januari 2007), ngan anu pangling na
mah wangunan anu baheula tempat wudlu tea tos dirombak total. Kantin Karisma
teh ayeuna mah rada nempel ka masjid, jeung make ditingkat sagala ayeuna mah.
2. Asrama Salman, tempat mondok K Yan Orgianus, tos teu aya, duka kamana
ayeuna teh.
Ari gedung kayu Karisma jeung kantor YPM mah angger.
3. Kirang langkung 3 sasih kamari, sim kuring hadir dina acara peluncuran
buku Bang Imad di Univ Al Azhar. Seueur pisan inohong anu dongkap, ngan
hanjakal P Hatta Rajasa teu tiasa dongkap kumargi aya wagelan. Tos sepuh pisan
B Imad teh, mapahna oge tos kedah dituntun. Mudah-mudahan sadaya amal baktos
sesepuh urang tiasa diganjar pahala anu berlipat ganda ku Allah SWT.
Hatur nuhun,
-dicky m-
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten, nembe muka surelek kang Ontohod ayeuna.
Leres pisan jaman kuring mah paniciana teh diluluguan
ku Senat Mahasiswa Fakultas ekonomi, anu diwadahan ku
ISTI (Integratif Studi Tentang Islam). harita mah di
UI abdi saparakanca kalebet angkatan kadua anu
dikintunkeun ka LMD Salman. Angkatan kahiji mah
diantawisna aya Imam B. Prasodjo, rerencangan di
FISIP. Waktos harita mah ti FMIPA UI teu acan pati
seueur anu ngiringan LMD. Margi para mahasiswa MIPA
masih kaetang kelompok garis "keras" sapertos Fahmi
Idris anu nyobian ngarakit Bom di masigit ARH (versi
para intel). Para mahasiswa FE harita tos kaetang
"moderat", ngagabung sareng para aktifis mahasiswa FK.
Nya kitu oge dina organisasi HMI, harita mah
tokoh-tokoh anu kaetang aktif ti FE sareng FK. Ari
FISIP sareng FPsi mah pan satengahna teh didominasi ku
kelompok independen (merah).
Jaman harita kiblat praktek kaislaman di kampus ITB
langkung kondusif, tibatan di paguron sanesna. Konsep
sareng gagasan bang Imad anu dipraktekkeun di masigit
Salman kanggo para siswa SMU sareng mahasiswa gaduh
daya tarik tersendiri (oge janten kacurigaan ti pihak
pamarentah). IPB teu acan aya naon-naonna, tapi arahna
janten ekstrim pisan. Kuirng kantos mireng sakelompok
mahasiswa IPB upami bade ngadu'a kedah di lur gedong,
cenah mah ngarah teu kahalangan ku hateup.
Leres kang, sok waas pami ngalangkung ka Masigit
Salman teh, ka kantinna tea, anu sok nyayogikeun susu
murni. Kapungkur jaman masih sakola SLA, hiji waktos
kuring sorangan ngadon taun baruan di Bandung. Nongton
dua pilem sakaligus di bioskop panti karya. Jam opat
nembe lekasan. Bingung mondok kamana. Nya ahirna mah
ngadon ngalempengkeun awak di Salman. Padahal mah aya
tempat kos pun adi, tapi tebih ti dago.
Ari kenangan ka ITB teh, eta ka Liga Film mahasiswana
(LFM), anu sok muter film dina malem minggu,
film-filmna arenggal, di Jakarta teu acan di puter di
bioskop "papan atas". Atuh kadang-kadang sareng
rerencangan sok ngahaja ka Bandung, mung sakadar
nongton film di ITB.
Pangajar LMD teh diatawisna Prof. Ahmad Sadali, Guru
Besar Seni Lukis anu karya-karyana janten ngahiasan di
Hotel Horison Ancol taun 179-1980 an (kaleresan kuring
kantos janten padamel di eta hotel). Kaparengkeun
pendak deui waktos kuring "ngingintil" istri mekdikbud
Prof.Dr. Nugroho Notosusanto, anu nuju nganjang ka
ITB, Unpad sareng IKIP bandung.
baktos,
mrachmatrawyani
--- ontohodm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualaikum Wr. Wb,
>
> Kang Rachmat, abdi maos email akang ngeunaan LMD,
> jadi asa kagagas
> deui yeuh, munkitu mah akang teh senior abdi di LMD
> ,margi abdi ge
> alumni LMD angkatan 70 mun teu lepat mah rombongan
> ti UI (Mesjid ARH
> UI). Masih emut keneh penceramahna, Bang Imad,
> Ustadh Miftah Faridh,
> Prof Sadli, Bang Irfan Mansyur, Bang Yan Organus,
> Ust. Jalaludin
> Rahmat, dsb. Harita pernah digrebeg pulisi ka
> Mesjid Salman, kuring
> saparakanca disumputkeun di Kantin Kharisma, bari
> pulisi nu datang
> di bebenjokeun kana kagiatan merangkai bunga di
> Salman. he..he
> Alhamdulillah aman dugi ka rengsena. Jadi asa hayang
> deui napak
> tilas yeuh ka Mesjid Salman, kantin mahasiswa
> Kharisma na apa masih
> nyondong keneh ? asa hoyong papendak deui sareng
> alumni LMD terutami
> nu saangkatan kapungkur wararaas.
>
> WWW,
> Baktos abdi
> Pun Ontohod
> nu kaleresan
> nuju noongan
>
__________________________________________________________
Luggage? GPS? Comic books?
Check out fitting gifts for grads at Yahoo! Search
http://search.yahoo.com/search?fr=oni_on_mail&p=graduation+gifts&cs=bz
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers, not web links.