AWW, Mang Jamal, sakaterang abdi mah SII teh gentosna LMD, duka kunaon tah sarebg dugi LMD sabaraha terakhirna, terang terang kadieunakeun tos digentos namina ti LMD janten SII. Muhun lah engkin Insya Alloh tahun payun kumaha upami urang paluruh deui tah tutor tutor urang di Salman teh.
WWW, Pun Ontohod --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > nostalgia salman yeuh... > > keur kelas hiji, milu SII, ayeuna mah selingkuh itu indah, jaman harita > mah studi islam intensif. tutorna rada beda. prof. Ahmad Sadali tos > pupus. Bang Imad tea oge asa teu aya. nu aya nu sanes, oge pa Ahmad > Mansyur Suryanagara ti unpad, jrrd. > > harita si kuring keur gondrong siga preman terminal > (bilih panasaran kumaha kasepna si kuring keur gondrong, mangga toong di > http://geocities.com/mangjamal/pic.htm > > basa ditanya saha ngaran ku Pa Ahmad Mansyur Suryanagara, babaturan > langsung rada ngagorowok,"Gojes, pak!" > naon gojes? > gondrong jesus, cenah cek barudak. beu kuring reuwas, di lingkungan masjid > ngomong jesus. si kuring murungkut bari nyirian barudak nu nyebut kitu. > rek diarah siah. > > Pak Ahmad MS nyaur bari keom, "teu nanaon ngaran jesus mah, asal ulah > Al-masih, cenah. sabab eta hartina Penyelamat. > "nami asli abdi Jamal, Pak. Jamaludin." > "tah gening hade ngaran, teh." Pa AMS seuri, Gojes mah landihan babaturan > pedah buuk gondronx rada muringkil ikal alias galing muntang meureun, > muntang kana taktak sigana. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal >

