nostalgia salman yeuh...

keur kelas hiji, milu SII, ayeuna mah selingkuh itu indah, jaman harita
mah studi islam intensif.  tutorna rada beda. prof. Ahmad Sadali tos
pupus. Bang Imad tea oge asa teu aya. nu aya nu sanes, oge pa Ahmad
Mansyur Suryanagara ti unpad, jrrd.

harita si kuring keur gondrong siga preman terminal
(bilih panasaran kumaha kasepna si kuring keur gondrong, mangga toong di
http://geocities.com/mangjamal/pic.htm

basa ditanya saha ngaran ku Pa Ahmad Mansyur Suryanagara, babaturan
langsung rada ngagorowok,"Gojes, pak!"
naon gojes?
gondrong jesus, cenah cek barudak. beu kuring reuwas, di lingkungan masjid
ngomong jesus. si kuring murungkut bari nyirian barudak nu nyebut kitu.
rek diarah siah.

Pak Ahmad MS nyaur bari keom, "teu nanaon ngaran jesus mah, asal ulah
Al-masih, cenah. sabab eta hartina Penyelamat.
"nami asli abdi Jamal, Pak. Jamaludin."
"tah gening hade ngaran, teh." Pa AMS seuri, Gojes mah landihan babaturan
pedah buuk gondronx rada muringkil ikal alias galing muntang meureun,
muntang kana taktak sigana.


mj

http://geocities.com/mangjamal



Kirim email ke