Waktos samagaha harita, abdi nuju alit keneh Bah... 
Kamana nya Pa Harmoko ayeuna? Tos lami tara kumelendang dina layar 
gelas?

Sok emut jaman kapungkur nuju Ki Ato jumeneng keneh...
Meus-meus,"...menurut petunjuk Bapak Presiden..."
Jigana "instruksi" ngarerem maneh di bumi ge kitu panginten...
Boa-boa, rambut leucir ku minyak ge pedah menurut petunjuk Bapak 
Presiden heheh...

ro2
tukangheureuy

> Basa balik ti Ciawi, kuring saparakanca ngobrolkeun Harmoko jeung 
> pamarentah, naha teu kaleuleuwihi kitu soal samagaha ieu teh? tepi 
ka 
> jelema teu meunang kaluar imah, siga rek aya bancang pakewuh anu 
gede 
> pisan. Pamarentah teh nyaah ka rahayat atawa "ngabobodo" rakyat?
> 
> Ceuk beja mah, loba urang asing nu ngahaja datang ka Indonesia 
hayang 
> nyaksian samagaha, papada gogodeg ningali urang Indonesia nu 
nyarumput 
> di imahna bakating ku sieun. Gogodeg, da ari manehna mah ngahaja 
> datang jauh-jauh hayang nyaksian, ari urang, malah sabalikna 
nyumput 
> dijero imah ....
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke