Kalimah "Menurut Petunjuk Bapak Presiden..." bari make logat jawa-na tegep, rada didedetkeun bari make idgom tea geuning...
nya ahirna nepi ka ayeuna Pak Harmoko mah teu kasangkut kasus nanaon jigana. Beda jeung menteri-menteri nu sejen, sabab dasar tindakanana teu numutkeun petunjuk tea.. Ayeuna mah, Pak Harmoko kagiatanana ngeusian kolom saban dinten di koran Pos Kota. -dul- tukangnyaanan --- In [email protected], "rosma_ilyas" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waktos samagaha harita, abdi nuju alit keneh Bah... > Kamana nya Pa Harmoko ayeuna? Tos lami tara kumelendang dina layar > gelas? > > Sok emut jaman kapungkur nuju Ki Ato jumeneng keneh... > Meus-meus,"...menurut petunjuk Bapak Presiden..." > Jigana "instruksi" ngarerem maneh di bumi ge kitu panginten... > Boa-boa, rambut leucir ku minyak ge pedah menurut petunjuk Bapak > Presiden heheh... > > ro2 > tukangheureuy > > > Basa balik ti Ciawi, kuring saparakanca ngobrolkeun Harmoko jeung > > pamarentah, naha teu kaleuleuwihi kitu soal samagaha ieu teh? tepi > ka > > jelema teu meunang kaluar imah, siga rek aya bancang pakewuh anu > gede > > pisan. Pamarentah teh nyaah ka rahayat atawa "ngabobodo" rakyat? > > > > Ceuk beja mah, loba urang asing nu ngahaja datang ka Indonesia > hayang > > nyaksian samagaha, papada gogodeg ningali urang Indonesia nu > nyarumput > > di imahna bakating ku sieun. Gogodeg, da ari manehna mah ngahaja > > datang jauh-jauh hayang nyaksian, ari urang, malah sabalikna > nyumput > > dijero imah .... > > > > > > Baktos, > > WALUYA > > >

