abdi ninggali samagaha bulan, kamari peuting satuntung perjalanan di jalan
tol (sabari macet oge),
endah ninggali pas kaluar deui bulanna (semu bereum) jadi bulan purnama....
pas purnama, pas neupi bogor.....

salam
iyan


On 8/29/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Peuting tadi aya samagaha bulan pinuh, ari perkara samgaha teh kuring
> sok inget di taun 1982, waktu samagaha panonpoe pinuh kajadian di
> nagara urang. Samemehna geus loba nu wanti-wanti yen samagaha panonpoe
> pinuh gede bahayana lamun ditempo, pangpangna waktu rek enggeusan, pas
> cahaya panonpoe kaluar deui. Panon nu nempo acan "siap" narima sinar
> nu kaluar, akibatna panon "kabeuleum" jeung bisa lolong. Dianjurkeun
> lamun nempo kudu make negatif film.
>
> Kulantaran kitu, pamarentah jadi paciweuh da meureun nyaah ka rakyatna
> nu eukeur mah barodo keneh ditambah deuih loba nu lalolong kulantaran
> nempo langsung panonpoe. Harita menteri Peneranganana Harmoko, manehna
> pangriweuhna, ngabucey dina TVRI jeung Radio. Salah sahiji intruksina
> pas samagaha teu meunang kaluar imah ..... cukup nempo dina televisi.
> Intruksi ieu beuki "nambahan" di tingkat handap, siga kudu nutupan
> kaca jandela supaya teu asup sinar panonpoe kajero imah ...
>
> Pas dina waktu kajadianana, Indonesia ngadak-ngadak jadi sepi, jalma-
> jalma ngalerem maneh di imah, euweuh nu wani kaluar atawa ngaringkeb
> maneh di Masjid ngajalankeun salat samagaha. Kuring harita nuju ka
> Pangandaran, da hayang nyaksian, ngan kulantaran kabeurangan, kakara
> tepi ka Ciawi Tasik, samagaha geus rek der. Kapaksa di Ciawi nyaksian
> samagaha teh, di hiji lembur, di lapangan sakola SD.
>
> Waktu rek mimiti pisan samagaha, jalma-jalma tinggaredig rarusuh
> naruju ka imahna terus ngararingkeb maneh. Kadenge sora nu takbiran di
> Masjid. Panonpoe mimiti kahalangan bulan, nu tadina panas, mimiti iuh.
> Hiliwir angin tiis, lila-lila beuki poek. SUasana beuki simpe iwal nu
> takbiran di Masjid. Nu diluar imah, ngan kuring opatan, ngarasakeun
> kumaha alam robah ngadadak, akibat poek teu puguh-puguh (di Ciawi
> samagahana teu pinuh, ngan ampir pinuh pisan). Tah salila samagaha
> kuring nempo panonpoe sakapeung make negatif film, sakapeung nempo
> langsung, komo pas kahalangan bulan pisan mah. Ah teu nanaon geuning
> panon teh ....
>
> Basa balik ti Ciawi, kuring saparakanca ngobrolkeun Harmoko jeung
> pamarentah, naha teu kaleuleuwihi kitu soal samagaha ieu teh? tepi ka
> jelema teu meunang kaluar imah, siga rek aya bancang pakewuh anu gede
> pisan. Pamarentah teh nyaah ka rahayat atawa "ngabobodo" rakyat?
>
> Ceuk beja mah, loba urang asing nu ngahaja datang ka Indonesia hayang
> nyaksian samagaha, papada gogodeg ningali urang Indonesia nu nyarumput
> di imahna bakating ku sieun. Gogodeg, da ari manehna mah ngahaja
> datang jauh-jauh hayang nyaksian, ari urang, malah sabalikna nyumput
> dijero imah ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke