Peuting tadi aya samagaha bulan pinuh,  ari perkara samgaha teh kuring 
sok inget di taun 1982, waktu samagaha panonpoe pinuh kajadian di 
nagara urang. Samemehna geus loba nu wanti-wanti yen samagaha panonpoe 
pinuh gede bahayana lamun ditempo, pangpangna waktu rek enggeusan, pas 
cahaya panonpoe kaluar deui. Panon nu nempo acan "siap" narima sinar 
nu kaluar, akibatna panon "kabeuleum" jeung bisa lolong. Dianjurkeun 
lamun nempo kudu make negatif film.

Kulantaran kitu, pamarentah jadi paciweuh da meureun nyaah ka rakyatna 
nu eukeur mah barodo keneh ditambah deuih loba nu lalolong kulantaran 
nempo langsung panonpoe. Harita menteri Peneranganana Harmoko, manehna 
pangriweuhna, ngabucey dina TVRI jeung Radio. Salah sahiji intruksina 
pas samagaha teu meunang kaluar imah ..... cukup nempo dina televisi. 
Intruksi ieu beuki "nambahan" di tingkat handap, siga kudu nutupan 
kaca jandela supaya teu asup sinar panonpoe kajero imah ...

Pas dina waktu kajadianana, Indonesia ngadak-ngadak jadi sepi, jalma-
jalma ngalerem maneh di imah, euweuh nu wani kaluar atawa ngaringkeb 
maneh di Masjid ngajalankeun salat samagaha. Kuring harita nuju ka 
Pangandaran, da hayang nyaksian, ngan kulantaran kabeurangan, kakara 
tepi ka Ciawi Tasik, samagaha geus rek der. Kapaksa di Ciawi nyaksian 
samagaha teh, di hiji lembur,  di lapangan sakola SD.

Waktu rek mimiti pisan samagaha, jalma-jalma tinggaredig rarusuh 
naruju ka imahna terus ngararingkeb maneh. Kadenge sora nu takbiran di 
Masjid. Panonpoe mimiti kahalangan bulan, nu tadina panas, mimiti iuh. 
Hiliwir angin tiis, lila-lila beuki poek. SUasana beuki simpe iwal nu 
takbiran di Masjid. Nu diluar imah, ngan kuring opatan, ngarasakeun 
kumaha alam robah ngadadak, akibat poek teu puguh-puguh (di Ciawi 
samagahana teu pinuh, ngan ampir pinuh pisan). Tah salila samagaha 
kuring nempo panonpoe sakapeung make negatif film, sakapeung nempo 
langsung, komo pas kahalangan bulan pisan mah. Ah teu nanaon geuning 
panon teh ....

Basa balik ti Ciawi, kuring saparakanca ngobrolkeun Harmoko jeung 
pamarentah, naha teu kaleuleuwihi kitu soal samagaha ieu teh? tepi ka 
jelema teu meunang kaluar imah, siga rek aya bancang pakewuh anu gede 
pisan. Pamarentah teh nyaah ka rahayat atawa "ngabobodo" rakyat?

Ceuk beja mah, loba urang asing nu ngahaja datang ka Indonesia hayang 
nyaksian samagaha, papada gogodeg ningali urang Indonesia nu nyarumput 
di imahna bakating ku sieun. Gogodeg, da ari manehna mah ngahaja 
datang jauh-jauh hayang nyaksian, ari urang, malah sabalikna nyumput 
dijero imah ....


Baktos,
WALUYA








 


Kirim email ke