Cikan kang Kumincir naha aya laratannana kunaon make disebut kopi anjing.
WAG
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kopi anjing atawa namnam (Lat. Cynometra cauliflora) nyaéta
tutuwuhan pituin Asia Tenggara, utamana Indonésia nu kaasup kulawarga
kakacangan. Tangkal kopi anjing mah leutik (3-15 m), tapi dahanna ngarangkadak,
kembangna leutik (diaméter 1,2 cm).
Daun Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun teu ditelek-telek mah kawas
dua daun. lambaran daunna téh teu simétris, ukuranana 5-15 cm (panjang) jeung
2,5-7,5 cm (lébar), kelirna héjo bagedod.
Buah
Buah kopi anjing
Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal, panjang 5-10 cm, lébar 5 cm. Cangkang
buahna teu beulah, tapi aya urat beubeulahanana. Kulitna kasar jeung rada
kerejut, kelirna héjo pias semu coklat. Daging buahna baseuh kelir konéng, aya
bauan, rasana haseum, sikina gedé.
Baranahan Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan bisa ogé dicangkok.
Sumber rujukan
Namnam. Disalin 29 Agustus 2007.
Kopi Anjing (Namnam) ti Sentra Informasi Iptek
Tumbu kaluar
Singapore National Parks Board
Cynometra cauliflora L. (PDF)
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kopi_anjing"
Kategori: Caesalpinioideae
On 8/30/07, digum gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: cing nukumaha
tangkalna bisi beda lembur beda ngaran,ciri-cirina kumaha, perdu,tanaman
tahunan atawa sajenis palawija jiga jagong atwa kumaha bahasa latinna
naon,boa-boa jiga tangkal loa tawa leles,buahana jiga kumahanya.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com