jadi kaingetan euy, baheula keur jikan uing 
nyileungleum budak nu kahiji. kakandungan 4 bulan, 
dikersakeun bet nyiram hayang buah namnam. atuh 
kapaksa katiap babaturan nanya, da saumur nyunyuhun 
hulu harita teu apal eta buah. ngadenge ge karak 
harita we. untung aya babaturan si ipin urang ciamis 
nullungan. maksakeun balik ka ciamis da karunyaeun 
ka jikan. isukna si ipin geus datang deui bari mawa 
buah namnam tea. song dibikeun ka jikan uing. terus 
diasaan ku manehna! NA atuh! beleweng eta buah 
meunang hese cape teh dialungkeun bari 
peupeureudeuyan, alim ah haseum! JADOL teh, ceuk si 
ipin ka uing!!!


--- In [email protected], "ndoell" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Dihapunten pisan Neng...
> tong sakali-kali deui nya
> 
> Nepangkeun oge, abdi Ndoell, tukang teuing.
> Neng teh ti Ciamis ? sami atuh. 
> Sami sareng urang Ciamis, maksad teh.
> 
> Kutan buah Pukih/Namnam atanapi Kopi anjing teh 
> kalebet kakacangan nya ? padahal mah sakitu 
badagna ?
> heu heu
> 
> 
> -dul-
> tukangteuing
> 
> --- In [email protected], "Lia Indriati" 
<lia_indriati@> 
> wrote:
> >
> > Punten wargi sadaya, nembe mucunghul deui :). 
Wilujeng tepang eh 
> wanoh kanggo nu narembe lebet :)
> > Di lembur sim kuring mah (palih kaler Ciamis :) 
). Pami buah nu 
> kitu teh disebatna pukih. Asa kaemutan deui, tos 
lawas teu mendakan. 
> Duka aya keneh duka henteu tangkalna. Jaman SD mah 
da seueur di 
> buruan (batur) heuheu
> > 
> > baktos, 
> > eeya
> > 
> > 
> >   ----- Original Message ----- 
> >   From: Akhmad Gunawan 
> >   To: [email protected] 
> >   Sent: Thursday, August 30, 2007 12:04 PM
> >   Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] 
Tangkal Nam-nam
> > 
> > 
> > 
> >   Cikan kang Kumincir naha aya laratannana 
kunaon make disebut 
> kopi anjing.
> > 
> >   WAG
> > 
> >   kumincir <kumincir@> wrote:
> >     Kopi anjing atawa namnam (Lat. Cynometra 
cauliflora) nyaéta 
> tutuwuhan pituin Asia Tenggara, utamana Indonésia 
nu kaasup 
> kulawarga kakacangan. Tangkal kopi anjing mah 
leutik (3-15 m), tapi 
> dahanna ngarangkadak, kembangna leutik (diaméter 
1,2 cm). 
> >     Daun
> >     Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun 
teu ditelek-telek 
> mah kawas dua daun. lambaran daunna téh teu 
simétris, ukuranana 5-15 
> cm (panjang) jeung 2,5-7,5 cm (lébar), kelirna 
héjo bagedod.
> >     Buah
> >      
> >      
> >     Buah kopi anjing
> >     Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal, 
panjang 5-10 cm, lébar 
> 5 cm. Cangkang buahna teu beulah, tapi aya urat 
beubeulahanana. 
> Kulitna kasar jeung rada kerejut, kelirna héjo 
pias semu coklat. 
> Daging buahna baseuh kelir konéng, aya bauan, 
rasana haseum, sikina 
> gedé.
> >     Baranahan
> >     Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan 
bisa ogé dicangkok.
> >     Sumber rujukan
> >       a.. Namnam. Disalin 29 Agustus 2007. 
> >       b.. Kopi Anjing (Namnam) ti Sentra 
Informasi Iptek
> >     Tumbu kaluar
> >       a.. Singapore National Parks Board 
> >       b.. Cynometra cauliflora L. (PDF)
> >     Disalin ti "http://su.wikipedia.
orgwiki/Kopi_anjing"
> >     Kategori: Caesalpinioideae
> >     On 8/30/07, digum gumelar <difantar@> wrote: 
> >       cing nukumaha tangkalna bisi beda lembur 
beda ngaran,ciri-
> cirina kumaha, perdu,tanaman tahunan atawa sajenis 
palawija jiga 
> jagong atwa kumaha bahasa latinna naon,boa-boa 
jiga tangkal loa tawa 
> leles,buahana jiga kumahanya. 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> >     -- 
> >     sikandarkumincir.blogspot.com 
> > 
> > 
> >   Send instant messages to your online friends 
> http://uk.messenger.yahoo.com 
> > 
> >    
> > 
> > 
> > 
----------------------------------------------------
---------------
> -----------
> > 
> > 
> >   No virus found in this incoming message.
> >   Checked by AVG Free Edition. 
> >   Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.
12/979 - Release Date: 
> 8/29/2007 8:21 PM
> >
>


Kirim email ke