Dihapunten pisan Neng...
tong sakali-kali deui nya

Nepangkeun oge, abdi Ndoell, tukang teuing.
Neng teh ti Ciamis ? sami atuh. 
Sami sareng urang Ciamis, maksad teh.

Kutan buah Pukih/Namnam atanapi Kopi anjing teh 
kalebet kakacangan nya ? padahal mah sakitu badagna ?
heu heu


-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "Lia Indriati" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Punten wargi sadaya, nembe mucunghul deui :). Wilujeng tepang eh 
wanoh kanggo nu narembe lebet :)
> Di lembur sim kuring mah (palih kaler Ciamis :) ). Pami buah nu 
kitu teh disebatna pukih. Asa kaemutan deui, tos lawas teu mendakan. 
Duka aya keneh duka henteu tangkalna. Jaman SD mah da seueur di 
buruan (batur) heuheu
> 
> baktos, 
> eeya
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Akhmad Gunawan 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Thursday, August 30, 2007 12:04 PM
>   Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Tangkal Nam-nam
> 
> 
> 
>   Cikan kang Kumincir naha aya laratannana kunaon make disebut 
kopi anjing.
> 
>   WAG
> 
>   kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     Kopi anjing atawa namnam (Lat. Cynometra cauliflora) nyaéta 
tutuwuhan pituin Asia Tenggara, utamana Indonésia nu kaasup 
kulawarga kakacangan. Tangkal kopi anjing mah leutik (3-15 m), tapi 
dahanna ngarangkadak, kembangna leutik (diaméter 1,2 cm). 
>     Daun
>     Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun teu ditelek-telek 
mah kawas dua daun. lambaran daunna téh teu simétris, ukuranana 5-15 
cm (panjang) jeung 2,5-7,5 cm (lébar), kelirna héjo bagedod.
>     Buah
>      
>      
>     Buah kopi anjing
>     Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal, panjang 5-10 cm, lébar 
5 cm. Cangkang buahna teu beulah, tapi aya urat beubeulahanana. 
Kulitna kasar jeung rada kerejut, kelirna héjo pias semu coklat. 
Daging buahna baseuh kelir konéng, aya bauan, rasana haseum, sikina 
gedé.
>     Baranahan
>     Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan bisa ogé dicangkok.
>     Sumber rujukan
>       a.. Namnam. Disalin 29 Agustus 2007. 
>       b.. Kopi Anjing (Namnam) ti Sentra Informasi Iptek
>     Tumbu kaluar
>       a.. Singapore National Parks Board 
>       b.. Cynometra cauliflora L. (PDF)
>     Disalin ti "http://su.wikipedia.orgwiki/Kopi_anjing";
>     Kategori: Caesalpinioideae
>     On 8/30/07, digum gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>       cing nukumaha tangkalna bisi beda lembur beda ngaran,ciri-
cirina kumaha, perdu,tanaman tahunan atawa sajenis palawija jiga 
jagong atwa kumaha bahasa latinna naon,boa-boa jiga tangkal loa tawa 
leles,buahana jiga kumahanya. 
> 
> 
> 
> 
> 
>     -- 
>     sikandarkumincir.blogspot.com 
> 
> 
>   Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
>    
> 
> 
> -------------------------------------------------------------------
-----------
> 
> 
>   No virus found in this incoming message.
>   Checked by AVG Free Edition. 
>   Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.12/979 - Release Date: 
8/29/2007 8:21 PM
>


Kirim email ke