Tah tah rada apal kuringmah kana tangkal nam nam teh, da bubuhan dilembur aya 
keneh !! di daerah cibucil jonggol kab bogor. 
Tangkalna teh  bisa ngagedean  ngan buahna nempel na tangkalna, dilembur mah 
sok disebut "Heunceut Anjing" ( Lain jorang da enya, pedah leutik meureun lamun 
gede mah boa disebut heunceut munding) buahna teh kos kue pancong. da gepeng 
,sikina ge milu gepeng. mun asak warna na koneng. mun atah pohara aseumna. da 
sangkilang asak oge rada aseum !! 
kulitna rada kasar, tapi baheula mah keur budak eh ngeunah wae tapi ayeuna 
diasaan teh meni nyerengid. 


digum gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               cing 
nukumaha tangkalna bisi beda lembur beda ngaran,ciri-cirina kumaha, 
perdu,tanaman tahunan atawa sajenis palawija jiga jagong atwa kumaha bahasa 
latinna naon,boa-boa jiga tangkal loa tawa leles,buahana jiga kumahanya.

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
    Anu ieu sanes? (ngadadak nyieun)

  On 8/29/07, hadi darajat < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            aya nu terang 
tangkal namnam, aya keneh
kitu....tangkalna? asa tos lami pisan teu mendakan
tangkal nam-nam, sigana aya nu teu terangan oge ata
tangkal. Mun aya dimana milarina nya.....






-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id   



        

---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers
     
                               

       
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

Kirim email ke