"Jay, isukan apanan rek puasa, hampura uing nya.." "Heueuh Dul, uing ge menta dihampura" "Uing teh loba dosa ka maneh teh Jay" "Uing nu loba dosa mah ka maneh teh, Dul" "Uing nu sok tiheula ngaheureuyan wae maneh.." "Rarasaan mah, puguh uing nu sok ngaheureuyan teh" "Uing apanan anu sok ludak-ledek ka maneh ?" "Heueuh, tapi pan uing mimitina pan ?" "Rarasaan mah uing tiheula nu salah ka maneh teh.." "Ah henteu, puguh uing..." "Uing ah, Jay" "Ih ari maneh, puguh uing.." "Uing nu salah teh Jay, uing !" "Naaa ari maneh atuh, meni keukeuh kitu, puguh uing nu salah...!" "Lain keukeuh, da memang kanyataanana kitu, uing nu salah !" "Uing !" "Uing ah !" "Na ari maneh atuh ni kabina-bina teuing, uing nu salah mah !" "Maneh nu kabina-bina mah, puguh uing nu salah !" "Belegug pisan maneh mah, puguh uing nu salah ka maneh !" "Uing nu salah ka maneh mah !" "Uing ! belegug !" "Maneh nu belegug mah" "Bangkarwarah" "Sia nu bangkarwarah mah, hakaneun tetelo!" "Sia !" "Ah puguh sia!" "Naon ari sia ? ngajak gelut sia teh ka aing ?" "hayu !, sugan mah teu aing teu wani ? "sbvxcaso9uqwe @&[EMAIL PROTECTED] !" "wqiowe1,ehl1wjeh;1w !"
........antep ah, sina parasea deui we... hi hi Wilujeng mayunan ibadah saum, mugia baraya sadaya kersa ngahapunten abdi lahir sinareng bathin rumaos seueur pisan kalepatan. hapunten nyaaa.... pliiiis....! -dul- tukangteuing http://ndoell.multiply.com/journal/item/35/Dongeng_Jay_Pasea --- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ihh... teu kedah kitu, anu namina kalepatan/kakhilapan mah, teu nu anom teu nu sepuh...nya kawajiban urang sadaya kanggo namprakkeun paneda hampura. > Pihatur ssw > > "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: sami2 apih.. simabdi nu keudah nyuhunkeun hapunten mah... nya keudahna nu ngarora menta di hampura ko kolot mah sanes kitu pih > salam AP sakulawarga > > On 9/12/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para wargi, wirehna mayunan sasih Ramadhan, sim abdi salaku wargi sareng salaku kuncen ieu milis, neda dihapunten samudaya kalepatan tilahir dumugi ka bathin, mugi > kersa ngahapunten. > Sawangsulna bilih wae para wargi kagungan kalepatan sareng kakhilapan, insya Allah sim > abdi ngahapunten pisan lahirna dugi ka bathina, balungbang timur caang bulan opat welas, > bersih teu aya geuneuk maleukmeuk. > > Pihatur, > ssw > kuncen #6# >

