Punten Abah Rachmat, jadi hoyong konfirmasi yeuh sim abdi.

Basa wawancara khusus na tipi (hilap tipi naon), Mang Gumilar nyarios yeun
kapayun na UI teh bade dironjatkeun statusna supados tiasa sami sareng
universitas kelas dunia, siga universitas beijing contona. Ayeuna teh
ceunah tos dimulai langkah-langkah strategis anu diperyogikeun kanggo
tujuan eta, kaasup peningkatan tingkat welper dosen sareng karyawan UI
supados tiasa konsen pinuh kanggo ngamajukeun UI. Hal eta saurna tos
berhasil di FISIP, ayeuna kantun ningkatkeun ka UI sagemblengna…. Ari
peningkatan di FISIP mah abdi sakedik kenging konfirmasi ti rerencangan di
Tax Center... 

Upami eta program leres, pan berarti mun tos cunduk  kana waktu, ninggang
kana mangsa mah, Insya Alloh Abah oge kabagean peningkatan welper teh...
kumaha tah Bah ? :-)

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

PT. LG Electronics Indonesia
Block G, MM 2100 Industrial Town
Cikarang Barat - Bekasi 17520

Jawa Barat, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418

LG전자

Dana Abadi Pemberdayaan Ummat :

http://dapu. <http://dapu.blogsome.com/> blogsome.com/

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of MRachmat Rawyani
Sent: Friday, September 14, 2007 8:25 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] APBN...VS pangangguran VS NPM...mindset.

 


Sami-sami kang kuring oge PNS padamel alit teu nyepeng
jabatan naon-naon. Sok sanaos UI janten BHMN, tapi da
gajih mah masih "mengacu" standar PNS.Mung nyaeta sok
mirengkeun ti ditu ti dieu, janten rada "memahami
pergolakan" kaayaan PNS. Tapi sanaos kitu, urang teu
kedal leutik hate.

Saleresna mah di kalangan PNS muda, aya gerakan anu
hoyong junun didamel,sok sanaos gajihna pas-pasan.
Hiji waktos kuring ngobrol sareng PNS ti BPKP. Kumaha
anjeunna sareng rerencangan anu saichwan, nebihan
praktek-praktek anu "tercela". Tapi nya kitu tea atuh
"gaya birokrasi lama" anu tos ngagurita di instansi,
"sesah" geuning dipayunana. Tapi paling heunteu, urang
tiasa ngarobah maneh ku cara ngarobah "mindset" yen
praktek tercela teh hiji anu dipahing pisan, kedah
ditebihan. Perkara rezeki mah tos aya nu ngatur.
alhamdulillah ku cara kitu, didamel teh ichlas kalayan
hate tingtrim.

Hapunten sanes bade mapatahan ngojay ka entog, kuring
oge masih sesah ngalarapkeunanan.

baktos,

mrachmatrawyani



==cut===

.

 
<http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/msgId
=120304/stime=1189733127/nc1=3848641/nc2=3848584/nc3=4776371> 
 

<<image001.gif>>

Kirim email ke