Kang-Kang... (seueur maksadna)
dongeng-dongeng Ua Kepoh, Mang Jaya saparakanca model si Rawing, si Buntung 
Jago Tutugan jeung sajabana moal matak pogot mun ukur di baca tulisanna 
wungkul...
kedah didangukeun langsung tina radio atawa kasetna (rekamanna)...
dina buku/tulisan mah moal aya sora "peureup NGAHIUK... JEBREEET !!!" atawa 
sabangsaning sosora-an mun keur aya nu adu jajaten... 
atawa sora kacapi suling mun nu boga lalakon keur lalampahan...(matak wa-as 
heuheuheu)...

tah nu matak, kumaha mun nu diiparian teh tong buku/tulisanna, mendingan 
dipilarian rekamanna... mun can aya, urang sakalian ngadamel petisi ka radio2 
nu bareto nyiarkeun eta dongeng (radio Shinta atawa Garuda di bandung... radio 
naon we nya di Tatar Sunda seujeunna ?!)... supaya di damel kaset / CD, teras 
di-ical ka warga KUSNET atawa warga sunda sadunya... tangtos kanu ngadongengna 
kudu kedah idin heula... 
eh ari dongeng di radio sok direkam tara nya ?! eta we bareto Ua Sas gaduh 
hasil rekaman kendang penca ti RRI... sugan dongeng2 sunda ge aya rekamanna... 
bisa jadi salah sahiji cara keur miara basa sunda...


sok inget bareto mah mun keur puasa ereng-erengan jiga wayah kieu, aya dongeng 
si Lamsijan atawa dongeng si Kundang jeung Abah Jangkung-na (iklan-na Baso nu 
ukuran badag tea... baso naon nya poho deui euy, baso panghegar kitu ?!)


^_^
halah pabaliut basa-na euy... hampura baraya




  ----- Original Message ----- 
  From: alan susanto 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, September 25, 2007 11:58 AM
  Subject: Hal: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi jago tutugan



  ari kitumah idem atuh kang, urang bagi bewara atuh nya, saha wae anu 
menndakan tipayun pasihan terang nya.
  nuhun pisan

  alan susanto


  ----- Pesan Asli ----
  Dari: Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]>
  Kepada: [email protected]
  Terkirim: Senin, 24 September, 2007 10:20:13
  Topik: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi jago tutugan


  .Upami teu lepat mah judulna eta seri/buku teh SI
  BUNTUNG JAGO TUTUGAN, karangan alm. S.SUKANDAR, nya
  eta sim kuring oge nuju milarian, tah upami aya anu
  gaduh koleksi lengkepna tiasa di tawiskeun ka sim
  kuring sabaraha pangaosna.

  Tata La Seyne

  --- alan_susanto73 <alan_susanto73@ yahoo.co. id> wrote:

  > sampurasun baraya kusnet sadayana, wilujeng tepang
  > sareng simkuring
  > pun alan anu kasep tea......... he he he
  > 
  > kapungkur basa nuju resep keneh ngojay diwalungan
  > bari ditataranjang (
  > sanes porno sun ). simkuring ari pasosonten
  > kinten-kinten tabuh 4
  > sonten sok remen ngadangukeun ( wartosan bilih lepat
  > ) dongeng sunda
  > ti Radio garuda anu penyiarna teh mang Ersus anu
  > judulna teh " andi
  > jago tutugan " tah kukituna ( naonnya....) sim kuring
  > seja nyungkeun
  > tulung kabaraya kusnet sadayana cing dimana abdi
  > kedah mendakan eta buku.
  > 
  > haturnuhun kana bantosan nana
  > salam tipun alan anu kasep sameueus
  . 
   

Kirim email ke