punten ah rek ngiringan noroweco....
puguh kuring ge sok ras ka jaman bareto mun ngabahas dongeng radio teh....
di Majalengka mah Juru Dongeng nu mimiti sohor jaman kuring leutik teh Mang
Jaya, mun teu salah anjeunna urang Kuningan. Dongengna disiarkeun wanci Asar
di Radio Angkasa (Kadipaten). Waahhh...loba pisan carita no tos didongengkeun
ku anjeunna mah, di antarana dongeng Mang Itok, Mang Ronyok, Nini
Kalingking...(judulna mah paroho deui ....)
na da eta mah unggal manco hareupeun radio...ngong bae MAng Jaya
ngadongeng...da asa nyata pisan carita nu didongengkeun teh....
Tuluy juru dongeng teh ngalobaan, di antarana Wa Kepoh. Eta oge dongengna
rarame...malah sora awewena mani nyari pisan....heuheuheu...
Jadi kuring satuju pisan upama KAng HAsan saparakanca ngupayakeun rekaman eta
dongeng-dongeng teh...tong hilap alungkeun ka Bogor CDna sajudul
hiji heuheuheu
Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Kang-Kang... (seueur maksadna)
dongeng-dongeng Ua Kepoh, Mang Jaya saparakanca model si Rawing, si Buntung
Jago Tutugan jeung sajabana moal matak pogot mun ukur di baca tulisanna
wungkul...
kedah didangukeun langsung tina radio atawa kasetna (rekamanna)...
dina buku/tulisan mah moal aya sora "peureup NGAHIUK... JEBREEET !!!" atawa
sabangsaning sosora-an mun keur aya nu adu jajaten...
atawa sora kacapi suling mun nu boga lalakon keur lalampahan...(matak wa-as
heuheuheu)...
tah nu matak, kumaha mun nu diiparian teh tong buku/tulisanna, mendingan
dipilarian rekamanna... mun can aya, urang sakalian ngadamel petisi ka radio2
nu bareto nyiarkeun eta dongeng (radio Shinta atawa Garuda di bandung... radio
naon we nya di Tatar Sunda seujeunna ?!)... supaya di damel kaset / CD, teras
di-ical ka warga KUSNET atawa warga sunda sadunya... tangtos kanu ngadongengna
kudu kedah idin heula...
eh ari dongeng di radio sok direkam tara nya ?! eta we bareto Ua Sas gaduh
hasil rekaman kendang penca ti RRI... sugan dongeng2 sunda ge aya rekamanna...
bisa jadi salah sahiji cara keur miara basa sunda...
sok inget bareto mah mun keur puasa ereng-erengan jiga wayah kieu, aya
dongeng si Lamsijan atawa dongeng si Kundang jeung Abah Jangkung-na (iklan-na
Baso nu ukuran badag tea... baso naon nya poho deui euy, baso panghegar kitu
?!)
^_^
halah pabaliut basa-na euy... hampura baraya
----- Original Message -----
From: alan susanto
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 25, 2007 11:58 AM
Subject: Hal: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi jago tutugan
ari kitumah idem atuh kang, urang bagi bewara atuh nya, saha wae anu
menndakan tipayun pasihan terang nya.
nuhun pisan
alan susanto
----- Pesan Asli ----
Dari: Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Senin, 24 September, 2007 10:20:13
Topik: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi jago tutugan
.Upami teu lepat mah judulna eta seri/buku teh SI
BUNTUNG JAGO TUTUGAN, karangan alm. S.SUKANDAR, nya
eta sim kuring oge nuju milarian, tah upami aya anu
gaduh koleksi lengkepna tiasa di tawiskeun ka sim
kuring sabaraha pangaosna.
Tata La Seyne
--- alan_susanto73 <alan_susanto73@ yahoo.co. id> wrote:
> sampurasun baraya kusnet sadayana, wilujeng tepang
> sareng simkuring
> pun alan anu kasep tea......... he he he
>
> kapungkur basa nuju resep keneh ngojay diwalungan
> bari ditataranjang (
> sanes porno sun ). simkuring ari pasosonten
> kinten-kinten tabuh 4
> sonten sok remen ngadangukeun ( wartosan bilih lepat
> ) dongeng sunda
> ti Radio garuda anu penyiarna teh mang Ersus anu
> judulna teh " andi
> jago tutugan " tah kukituna ( naonnya....) sim kuring
> seja nyungkeun
> tulung kabaraya kusnet sadayana cing dimana abdi
> kedah mendakan eta buku.
>
> haturnuhun kana bantosan nana
> salam tipun alan anu kasep sameueus
.
---------------------------------
Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.