Muhun, wiro sableng versi film anu kamari mah pikaseurieun (asa aneh). Duka ku
naon tah tiasa kitu, naha sutradarana anu awon? duka teuing. Bawiraos masih
tebih langkung kasep kang Dudi daripada si wiro anu aya dina eta film. he he.
Tapi imajinasi pribados kana wiro sableng, kapak nagageni 212, anu
didongengkeun ku mang Andi Saputra di radio volvo Bandung (dina bahasa
Indonesia), tetep henteu luntur gara-gara aya eta film.
Conto sanes, film Prabu Siliwangi (di SCTV) oge henteu ngailangkeun gambaran
pribados ngeunaan perbawa Prabu Siliwangi hasil maca tina sumber-sumber tulisan.
Anu ngadamel film sami sareng urang, gaduh imajinasi sewang-sewangan ngeunaan
sahiji dongeng. Contona film Helen of Troy didamel filmna henteu sakali,
didamel film sababaraha kali ku sababaraha urang anu gaduh imajinasi
benten-benten. Respon anu nongton henteu sami, aya anu resep kana film helen of
troy anu kapungkur, sareng tangtos aya oge anu resep kana versi panganyarna.
Tiasa wae sahiji waktos dongeng wiro sableng difilmkeun deui ku jalmi anu sanes
kalayan kualitas anu langkung sae sareng nyugemakeun imajinasi jalmi anu
langkung seueur.
Kitu pamendak pirbados mah kang, anu penting mah local content (mulok)
kasundaan dugi heula ka masarakat Sunda.
Salam,
Asep
dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ulah
hayang kang hehe... bisi kawas wiro sableng... wirosableng nu sok diriung-riung
ku awewe geulis disinetronkeun bet jadi si kenken nu hideung bari awewena teu
sarupa jeung gambaran uteuk kuring, jadi weh males meuli deui bukuna... kitu
deui film si rawing... jauh tina implengan samemehna..
cek kuring milmkeun buku/dongeng radio (atawa naon wae nu lain media visual)
kacida hesena... cek cenah langka film adaptasi tina media lain visual nu
berhasil... conto film adaptasi terakhir nu gagal nu ditongton ku kuring nyaeta
davinci code. matak kuciwa ;))
jadi cek kuring mah keun wae si andi mah hirup dina wangwangan nu ngadenge
radio baheula. keur sinetron mah sok para penulis sakenario pakreatip-kreatip
nyieun nu anyar.
g.a.
On 9/26/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam,
Asep
Anu hoyong nongton sinetron Si Buntung Jago Tutugan
_,___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
Asep
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha!
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.